Nambihan!

mugia kapulupuh nangtung
muGIA sing kapimilik

wangsalna : Bilik

Aya nu dianjing cai
Aya nu diheroan 

wangsalna : Sero

wawangsalan ngacaprux

Ulah hayang di tai panon
Ulah hayang digeugeuleuh

wangsalna : Cileuh

Ngaguruntul mendet irung
Mun ditempo rarang rorong

wangsalna : Korong

Melendung luhureun kulit
Omat sing geura nyusul

wangsalna : Bisul

Berenuk na palangkakan
Mugia sing runtut raut

wangsalna : Burut

baktos,
syam ridwan


  ----- Original Message ----- 
  From: Suryana Rahayu 
  To: urangsunda 
  Sent: Tuesday, November 11, 2008 7:56 AM
  Subject: [Urang Sunda] Wawangsalan


        Para wargi nu ku simkuring dipihurmat, simkuring seja nyuhunkeun 
bantosan manawi aya nu uninga kana perkawis wawangsalan sareng tiasa nambihan 
kana ieu wawangsalan anu kusimkuring masih keneh kaemut.

        1. Beulit cingir simpay tangan
            Ulah lali ka simabdi
            Wangsalna : Ali

        2. Ula urik saba umah
            Wong teko sopo arane
            Wangsalna : Teko

        3. Teu beunang disupa dulang
            Teu beunang di bebenjokeun
            Wangsalna : Kejo

        4. Teu beunang di hurang sawah
            Teu beunang dipikameumeut
             Wangsalna : Simeut

        .........


        Mugi aya nu kersa ngabantos, haturnuhun.

        Wassalam
        SURAH
       



   

Kirim email ke