Yeuh atuh mang, nu rada modern..

saba kota saba dunya,
cacarita jeung kukulintingan bari cicing

wangsal : Ceting

maksa nya ? 
Bae lah, masa bae dong..
kadu bae dibeulah, maenya dibedong..
heu heu

-Jay-

--- In urangsunda@yahoogroups.com, "oman abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Dina buku "peperenian" atanapi buku-buku pangajaran basa Sunda sanesna
> seueur conto-conto wawangsalan. Ngan, nilik kana eusina, anu
> diwangsalkeun teh ikon-ikon jaman baheula. Asa can mendakan
> wawangsalan anu eusi wangsalna teh ikon-ikon jaman beh dieu. Padahal
> pangaweruh barudak ayeuna tos seueur dilebetan ku hal-hal
> kaayeunakeun. Aya anu tiasa ngadamel wawangsalan anu eusi wangsalna
> model komputer, telepon, hape, bendungan, majic jer, tabung elpiji,
> jst?
> 
> manar
> 
> On Mon, Nov 10, 2008 at 7:22 PM, Suryana Rahayu <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
> > Hatur nuhun pisan kana perhatosanana, manawi aya deui anu bade
nambihan
> > mangga diantos...heuheuy deuh (bari rada ngolo ieumah)
> >
> > --- On Mon, 11/10/08, syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > From: syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]>
> > Subject: Re: [Urang Sunda] Wawangsalan
> > To: urangsunda@yahoogroups.com
> > Date: Monday, November 10, 2008, 10:10 PM
> >
> > Nambihan!
> >
> > mugia kapulupuh nangtung
> > muGIA sing kapimilik
> >
> > wangsalna : Bilik
> >
> > Aya nu dianjing cai
> > Aya nu diheroan
> >
> > wangsalna : Sero
> >
> > wawangsalan ngacaprux
> >
> > Ulah hayang di tai panon
> > Ulah hayang digeugeuleuh
> >
> > wangsalna : Cileuh
> >
> > Ngaguruntul mendet irung
> > Mun ditempo rarang rorong
> >
> > wangsalna : Korong
> >
> > Melendung luhureun kulit
> > Omat sing geura nyusul
> >
> > wangsalna : Bisul
> >
> > Berenuk na palangkakan
> > Mugia sing runtut raut
> >
> > wangsalna : Burut
> >
> > baktos,
> > syam ridwan
> >
> >
> >
> > ----- Original Message -----
> > From: Suryana Rahayu
> > To: urangsunda
> > Sent: Tuesday, November 11, 2008 7:56 AM
> > Subject: [Urang Sunda] Wawangsalan
> >
> > Para wargi nu ku simkuring dipihurmat, simkuring seja nyuhunkeun
bantosan
> > manawi aya nu uninga kana perkawis wawangsalan sareng tiasa
nambihan kana
> > ieu wawangsalan anu kusimkuring masih keneh kaemut.
> >
> > 1. Beulit cingir simpay tangan
> >     Ulah lali ka simabdi
> >     Wangsalna : Ali
> >
> > 2. Ula urik saba umah
> >     Wong teko sopo arane
> >     Wangsalna : Teko
> >
> > 3. Teu beunang disupa dulang
> >     Teu beunang di bebenjokeun
> >     Wangsalna : Kejo
> >
> > 4. Teu beunang di hurang sawah
> >     Teu beunang dipikameumeut
> >      Wangsalna : Simeut
> >
> > .........
> >
> >
> > Mugi aya nu kersa ngabantos, haturnuhun.
> >
> > Wassalam
> > SURAH
> >
> >
> >
>


Kirim email ke