mhun kang abdi ge sapamadegan .. buku "laskar pelangi" kedah dibenten keun kang 
antara buku na sebagai hasil satra, sebagai bahan inspirasi sareng nu 
ngadamelna Andrea Hirata .. cenah manehna teu ngaku geus kawin .. masih keneh 
jajaka, cenah eta carita teh fiksi lain kajadian sabenerna .. kan eta mah 
urusan nu sanes nnya kang .. nu penting mah hasil na .. tiasa dinikmati ku 
urang2. 

sim kuring mah kataji kang ku eusina .. naha cenah kitu, kieu kang . .pamajikan 
sim kuring teh guru kang .. masih honorer di swasta .. padahal anjeuna lulusan 
ti undip kang .. urang teknik, tapi kusabab hoyong milarian padamelan anu tiasa 
ngeusi waktu anjeunna tur cenah meh teh bosen teuing we di bumi, tapi budak 
masih tiasa kapalire da alim ngaleupaskeun tanggung jawab nu jadi indung ka 
budak.. teregteg anjeuna ngalamar ka sakola swasta .. ka madrasah kang .. .. 
padahal mah sakola na mah nya mun disebatkeun megah ... jauh kang .. atuh rajet 
.. henteu oge .. biasa2 wae .. mung ngajar teh digajina mung saminggueun . 
misalkan kan saminggu ngajar aya kana 30 jam na .. nya mung eta we anu dibayar 
keunna .. sanes 30 x 4 minggu .. kitu tah .. lami kalamian .. naha nya kang 
ngajar banting tulang .. tapi panghasilan asa na mah teu sesuai (padahal 
kapungkur damel di Lab perusahaan kang .. lumayan gajih na mah) .. tah ti dinya 
kang . mulai goyah .. drop sumanget kanggo ngajar teh .. KAPAN JADI PNS GURU 
cenah kitu kang ngaharewos ka sim kuring .. tenang ngajar jiga na mah mun jadi 
pns .. moal neangan sakola nu alus2 lah . da karunya ka barudak . keur mah 
lolobana budak nu teu mampu tapi sumanget diajar rendah oge ..

sim uring ningal kick andy tea .. teras meser bukuna .. yeuh bunda baca bukuna 
.. ke mun aya film na urang nonton .. singkat carita filmna medar .. anjeuna ku 
sim kuring diajak nonton .. atuh da ceurik kang .. anjuenna teh . tur jadi 
semanget .. cenah .. maenya sim kuring eleh .. batur ge bisa ngabdi majukeun 
barudak sakola padahal kaayaanna jauh tina memadai .. (ASLI IEU MAH KANG??!!) 
harta mah cenah nomer dua lah .. da rizki mah bakal nutur keun .. moal salah 
alamat... ari sim kuring ngilu mewek deui .. lain ku film na kang . ningali 
pamajikan sumanget deui ngajar.. sok atuh bunda .. keretegkeun dina hate keur 
majukeun barudak . Insya Alloh ku Akang didukung milari rizki nu halal nu tiasa 
nyekapan keur anjeun meh regreg ngajar. 

Aduh puntennya kang jadi curhat ieu teh jadi siga mamah dedeh jeung AA .. 
hehehehehhe ieu mung pangalaman pribados kang . .. cenah aya paribasa nya kang 
. dont judge a book for the cover cenah .. punten panjang pisan emailna .. 
nulis na ge bari muriding deui bulu irung .. ehhehehhehe 

permios 

firman 

  ----- Original Message ----- 
  From: Waluya 
  To: Baraya Sunda ; urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Tuesday, November 11, 2008 2:18 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Laskar Pelangi


  > From: ua duq
  > karesep urang nu ieu mah. duanana. nya laskar pelangina (nonton pelmna ge 
  > dua kali :))). nya gosipna...
  > enya, barina ge... si andrea rek jajaka, rek duda, rek enggeus atawa acan 
  > kawin ge keur kuring mah teu ngaruh. beda
  > upama, kamidia radisti tega nolak cinta kuring, ancur tah dunya 
  > huahahaha...

  Enya Kang Dud, tapi nyaeta sakapeung publik hayang nu boga lalakon teh 
  saperti dina kahirupan nyatana (real) oge kitu. Kasus Keluarga Marlia Hardi 
  dina TVRI baheula, contona. Ieu sinetron dianggap sinetron pangalusna dina 
  ngadidik barudak. Loba kritikus anu muji. Peran Marlia Hardi nonjol pisan: 
  indung nu wijaksana dina kulawarga. Tapi dina kahirupan nyatana Marlia Hardi 
  henteu kitu, anjeunna nelasan maneh lantaran kabeulit hutang arisan 
  berantai. Seueur deui conto dimana "dunia panggung" beda jeung kahirupan 
  nyatana.

  Ceuk Ahmad Albar mah:" Dunia ini, bukan sandiwara ......."

  Baktos,
  WALUYA 



   

Kirim email ke