Cing naon bentenna " Omelette" sareng " Telur Dadar " ?

--- Pada Jum, 12/12/08, yana sugiarna <yasug...@gmail.com> menulis:
Dari: yana sugiarna <yasug...@gmail.com>
Topik: Re: [Urang Sunda] Omelet (2)
Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
Tanggal: Jumat, 12 Desember, 2008, 2:24 AM










    
            janten emut, mun dilembur sok dipangdamelkeun- keun 'omelet peda' 
oge ku pun biang.
peda digoreng heula, teras dibubuk-keun, digalokeun kanu endong.
pedo pisan...

yana



On Thu, Dec 11, 2008 at 5:09 PM, Roro Rohmah <Roro.Rohmah@ sidola.com> wrote:

















    
            


Baraya, sambungan dongeng si Kabayan tea, mugia 
tiasa janten pangbeberah manah.
 
nyanggakeun,
ro2
 
Anjog ka warung bi Ocoh, si Kabayan kuat ka ngahuleng ningali 
kaayaan warung nu geus robah, jauh pisan kaayaanana tinu baheula. Warung nu 
tadina leutik, dilegaan. Tehelna nu tadina ngan saukur dipelur, diganti ku 
keramik. Barang dagangan pepek, sagala aya. Nu datang barangbeuli sakitu 
ngagimbungna, ti siklukna ti siklakna. Bi Ocoh paciweuh ngaladangan, dibantuan 
ku sababaraha urang nu sarua keur pakepuk ogé. 
 
Teu lila Bi Ocoh ngarérét…
"Aéh..aéh…haturan Jang Kabayan, 
sisinarieun daék ka warung, rék meuli naon Jang?"ceuk Bi Ocoh, nanya ka Si 
Kabayan nu keur tenga-tengo.
"Ieu Bi, uing téh rék meuli endog satengah kilo 
sosis sabungkus bawang bombay tomat..."si Kabayan nereleng maca daptar beulieun 
euweuh koma peunna.
"Ké…ké… Jang Kabayan lalaunan atuh, mani nereleng 
kitu?!"ceuk bi Ocoh keuheuleun.
"Kieu atuh méh jongjon, tah uing rék meuli nu 
geus ditulis dina kertas ieu!"ceuk si Kabayan bari ngasongkeun daptar 
balanjaan.
"Tah, bener mending kieu… ning hideng ogé manéh téh Jang 
Kabayan!"ceuk bi Ocoh atoheun.
"Na, ari biasana uing téh teu hideng?!"ceuk si 
Kabayan molotot.
 
Bari nungguan balanjaan bérés, si Kabayan anteng ningalian 
sakurilingna, bréh katingali di juru aya nu ngajarepat lobaan. Awakna nu sakitu 
salampulurna mani atra ti luhur nepi ka handap katingali, baluligir teu 
ditutupan ku lamak sacewir-cewir acan. Caramakblak maraké wedak, semu koneng 
rada beureum. Tring! Si Kabayan ngeletan, bari kumerot bakat ku kabita. 
Maranéhna haré-haré, da ku teu wawuh téa. Ngarasa teu diwaro, teu antaparah 
rigiwing ku si Kabayan dikerid. Euweuh nu ngalawan hiji-hiji acan, éstu 
palasrah 
pisan. 
Hmmmm…jiganamah ngeunah mun dibaturan ku goréng témpé, peuteuy, 
sambel dadak nu seuhah, jeung kurupuk, gerentes si Kabayan jero 
hate.
 
 "Bi Ocoh, teu jadi dibeuli nu bieu téh, ganti wé!"Si 
Kabayan ngabolaykeun balanjaanana.
"Ari manéh sok tara puguh Kabayan!Heug 
atuh, rék meuli naon?"
 "Endogna mah jadi, tapi nu lianna diganti. 
Tambahan ku Peuteuy sabeungkeut, Surawung, Bawang beureum, Tomat, Céngék, 
Tarasi, Salam…"si Kabayan nataan kahayangna.
 

Bari ngadingkleung balik ka imahna, si Kabayan héhéotan 
bakat ku atoh rék dahar ngeunah engké beurang. Kasampak Nyi Iteung keur 
ngisikan 
di dapur, paromanna marahmay barang ningali si Kabayan mucunghul di lawang 
panto.
"Enggeus balanja téh Kang?"
"Geus, tah yeuh…"
 
Ana dibuka balanjaanana…
"Akang! ieu téh nanaonan bet meuli 
nu kararieu?!" Nyi Iteung ambek kacida basa ningali balanjaan nu dibeuli ku si 
Kabayan béda pisan jeung nu geus dituliskeun dina kertas.
"Ieuh Nyi, tong 
ngambek atuh... Pan geus dipangmeulikeun endog,"ceuk si Kabayan 
ngupahan.
"Tuluy, keur nanahaon meuli Peda mani loba-loba teuing? Sabaraha 
kilo ieu téh?!" 
"Sakilo Nyi. Kieu, Peda téh dibagi dua. Sawaréh keur Akang, 
cing pangnyieunkeun Pais Peda sing loba surawungna! Tah, sésana deui keur Nyai 
pikeun nyieun Omélét téa. Sumpah, wani medu Nyi, Akang mah teu beuki 
Omalat-Omelet téh, da Akang mah lain bulé!"ceuk si Kabayan teu 
kireum-kireum.
"Euuurrrrghhh… moal enya atuh Omelet maké Peda?! ceuk si Bara 
ogé na tipi, mun rék diganti ku lauk, kudu maké lauk Tuna, lain ku 
Pedaaaa!"ceuk 
Nyi Iteung kekerot bakat ku ambek jeung hayang cerik.
 
 



      

    
    
        
        
        
        


        


        
        
        
        
        




      

    
    
        
         
        
        








        


        
        


      Mencari semua teman di Yahoo! Messenger? Undang teman dari Hotmail, Gmail 
ke Yahoo! Messenger dengan mudah sekarang! http://id.messenger.yahoo.com/invite/

Kirim email ke