asalamu'alaikum...... sampurasun......
wilujeng siang para wargi sadaya, sim kuring bade muntang tulung
yeuh.....
manawi di antawis akang2 eteh2 di dieu aya anu gaduh kamus
Indonesia-Sunda sukur2 anu digital,
kanggo kaperyogian wargi abdi anu hoyong di ajar bahasa sunda.
saleresna sepuh anjeuna pituin ti kuningan, nanging anjeuna lahir sareng
ageung di jakarta, teras sepuhna teu ngajarkeun bahasa sunda ka najeuna.
tah kumargi kitu manawi aya nu gaduh mugi disodorkeun kadieu.
hatur nuhun sateuacana
salam
adythea