urang oge sapagodos pikiran jeung kemod, jeung asa salembur sadaerah deuih
luluhur kuring ti maleber karangtengah / cianjur.
cing dimana kuring kalembur nyaba hayang kuring pedo dahar siga anu kemod
nyayagikeun....dahar di saung dina palupuh sanguna sangu timbel daun cau anu 
sengit beas cianjur-na.
cing di japri ka kuring kemod adressna, InsyaAllah ari pere kuring ka cianjur 
bari 
jeung  sakalian nyekar ka maleber.
nuhun.
ti aki eman



________________________________
Von: Kemoood <as_pur...@adetex.co.id>
An: urangsunda@yahoogroups.com
Gesendet: Mittwoch, den 21. Januar 2009, 17:14:28 Uhr
Betreff: [Urang Sunda] RE: Miskin itu aib yang sangat Memalukan


Tong hariwang Ku rejeki, Tong ngarasa Miskin...lamun ninggali Batur 
beunghar, can tangtu manehna beunghar oge Bahagia. Nupuguhmah Urang 
Syukur teu Ka nu mahakawasa.. .......

Ari Alloh Piraku kejem Ka makhlukna, Sakabeh Anu kumelendang di Alam 
Dunya ieu pasti dibere Rijkina, Ewuh anu teu di bere Rijki, Ngan 
Rijikiteh Rupa Rupa : Aya Harta, Aya kasehatan, Aya Keselamatan, Hidayah 
Fi dien jeung anu sjaban.

Lamun urang ngabates Rijkiteh ngan Harta hungkul, Tah eta mah pamikiran 
anu Malaweung ceuk uingmah..Lin kitu Mang...!!.

Uing aya pangalaman patali jeung kamiskinan, dina hiji poe uing di 
undang ku nu Beunghar kacida, ngeblak ngeblik sawahna, beunghar nu 
teuaya padana bero di juru bero di panto ngalayah di tengah imah. Terus 
uing di jamu sapuratina ku nu beungharteh. Uing aneh oge nempo polah si 
nubengharteh naha teui milu dahar. Uing teh panasaran, terus ditanyakeun 
ka badegana. Mang tuya Ari dunungan Ilaing teh naha bet teu dahar 
bareung. Ceuk mang tuya '' Dunungan uingmah geus lila teu bisaeun Dahar 
Sangu jeung daging. Manehna geus sagala di larang Ku dokter, Poknateh 
deui, Percumah atunya Manenha Beunghar tapi Teu bisa menikmati hartana, 
sarua we jeung uing miskin.....Pedah Mereun Dunungan uingmah Ngan bisa 
Ngaku wungkul ari menikmatina hanteu, Ceuk Mang tuyateh....bari mesem..

1.Aya anu beunghar lahirna, tapi bathina Miskin sarua jeung jelema miskin
2.Aya anu Miskin lahirna tapi Hatena Beunghar ngarasa cukup pamere ti 
nukawasa, etamah syukur tea ngarana.

Sasauran-na Malik bin dinar, '' Anu beungharteh nyaeta anu ngarasa cukup 
ku pamasihan ti Alloh naon wae oge,
Ari anu miskin TEH NYAETA anu teu ngarasa cukup ku pamasihan ti Alloh. 
Sing bro-broan Meunang harta oge ari Hatena miskinmah '' Teu nagarsa 
cukup'' Pasti Ku Alloh oge di Miskinkeun..

Yuuu ah ...!! urang ngaliweut .....di sisi cibuni bari meuleum lauk 
beunteur jeung belut, nyambel oncom tambah lalab daun sampeu, Daun 
kacang, jeung bonteng. sangu liweutna pare huma, yuuu di uing geus 
sayogi.....atawa make goreng asin peda, ngmapar di na palupuh sasaungan 
sisi cai.......
matak pedooooo tah deuleu....!! !!

Salam
Kemod ti Ci Anjur

 


      

Kirim email ke