cibuni mah ayana di kadupandak ki..
________________________________ From: Eman Sulaeman <etsulae...@yahoo.de> To: urangsunda@yahoogroups.com Sent: Wednesday, January 21, 2009 11:53:36 PM Subject: AW: [Urang Sunda] RE: Miskin itu aib yang sangat Memalukan urang oge sapagodos pikiran jeung kemod, jeung asa salembur sadaerah deuih luluhur kuring ti maleber karangtengah / cianjur. cing dimana kuring kalembur nyaba hayang kuring pedo dahar siga anu kemod nyayagikeun. ...dahar di saung dina palupuh sanguna sangu timbel daun cau anu sengit beas cianjur-na.. cing di japri ka kuring kemod adressna, InsyaAllah ari pere kuring ka cianjur bari jeung sakalian nyekar ka maleber. nuhun. ti aki eman ________________________________ Von: Kemoood <as_pur...@adetex. co.id> An: urangsu...@yahoogro ups.com Gesendet: Mittwoch, den 21. Januar 2009, 17:14:28 Uhr Betreff: [Urang Sunda] RE: Miskin itu aib yang sangat Memalukan Tong hariwang Ku rejeki, Tong ngarasa Miskin...lamun ninggali Batur beunghar, can tangtu manehna beunghar oge Bahagia. Nupuguhmah Urang Syukur teu Ka nu mahakawasa.. ....... Ari Alloh Piraku kejem Ka makhlukna, Sakabeh Anu kumelendang di Alam Dunya ieu pasti dibere Rijkina, Ewuh anu teu di bere Rijki, Ngan Rijikiteh Rupa Rupa : Aya Harta, Aya kasehatan, Aya Keselamatan, Hidayah Fi dien jeung anu sjaban. Lamun urang ngabates Rijkiteh ngan Harta hungkul, Tah eta mah pamikiran anu Malaweung ceuk uingmah..Lin kitu Mang...!!. Uing aya pangalaman patali jeung kamiskinan, dina hiji poe uing di undang ku nu Beunghar kacida, ngeblak ngeblik sawahna, beunghar nu teuaya padana bero di juru bero di panto ngalayah di tengah imah. Terus uing di jamu sapuratina ku nu beungharteh. Uing aneh oge nempo polah si nubengharteh naha teui milu dahar. Uing teh panasaran, terus ditanyakeun ka badegana. Mang tuya Ari dunungan Ilaing teh naha bet teu dahar bareung. Ceuk mang tuya '' Dunungan uingmah geus lila teu bisaeun Dahar Sangu jeung daging. Manehna geus sagala di larang Ku dokter, Poknateh deui, Percumah atunya Manenha Beunghar tapi Teu bisa menikmati hartana, sarua we jeung uing miskin......Pedah Mereun Dunungan uingmah Ngan bisa Ngaku wungkul ari menikmatina hanteu, Ceuk Mang tuyateh....bari mesem.. 1.Aya anu beunghar lahirna, tapi bathina Miskin sarua jeung jelema miskin 2.Aya anu Miskin lahirna tapi Hatena Beunghar ngarasa cukup pamere ti nukawasa, etamah syukur tea ngarana. Sasauran-na Malik bin dinar, '' Anu beungharteh nyaeta anu ngarasa cukup ku pamasihan ti Alloh naon wae oge, Ari anu miskin TEH NYAETA anu teu ngarasa cukup ku pamasihan ti Alloh. Sing bro-broan Meunang harta oge ari Hatena miskinmah '' Teu nagarsa cukup'' Pasti Ku Alloh oge di Miskinkeun.. Yuuu ah ...!! urang ngaliweut .....di sisi cibuni bari meuleum lauk beunteur jeung belut, nyambel oncom tambah lalab daun sampeu, Daun kacang, jeung bonteng. sangu liweutna pare huma, yuuu di uing geus sayogi.....atawa make goreng asin peda, ngmapar di na palupuh sasaungan sisi cai....... matak pedooooo tah deuleu....!! !! Salam Kemod ti Ci Anjur