Heuheuheu... Bener pisan kang, di Malaysia mah teu loba, jiga di urang, di
urang mah unggal gang aya Masjid.
Nya jigana mah sekitar sakecamatan hiji. Tapina gede.
Kecuali di apartemen2 rakyat anu murah, anu eusina urang melayu hungkul,
biasana aya Surau/ Musholla, tapina rada badag jeung bisa dipake jumaahan.
Keur kuliah bareto mun kabeneran manggih jumaahan, kuring kudu leumpang 2 KM
jaba nanjak, bulak balik brarti 4 KM.
atuh ari pas asup kelas teh jaba telat, jaba luat leet kesang.

Tah, tapina ceuk carita apanan Malaysia teh Nagara Muslim, tapina ulah heran
mun asup ka Mall aya anu nepi ka euweuh Surau. atawa leutiiiikk pisan... Di
KLCC lah anu pangalusna surau teh. Bedaaaa jauh amun dibandingkeun jeung
mall2 anu aya di Jakarta, cobaan geura sholat di Senayan City atawa Plaza
senayan. didinya mushollana ngeunaheun pisan, kuring mah leuwih betah sholat
di mall eta daripada di Mesjid. hehehe... Mun Bandung, ah asa euweuh nu
ngeunaheun weh musholla di Mall mah, palingan anu lega teh di BSM hungkul.
di PvJ anu paling nyiksa mah, leutiiiikkk pisan tempatna, dibandingkeun
jeung luas tempatna.

Duh, kuring mah hayang teh Walikota bisa ngaluarkeun Perda aturan luas
musholla di tiap2 gedung. misalkeun 5% ti luas keseluruhan gedung...
halaaahh... naha jadi kaditu kadieu, hihihihi...

-Bohay-

2009/1/22 mangjamal <mangja...@yahoo.com>

>
> masjid di urang memang reuteum dimana-mana. kitu deuih. kajeun imah
> warga barutut, masjid mah kudu alus. indit ti niat yen masjid tempat
> ibadah ritual utamana solat ka pangeran. bari ngadegkeunana, da
> masjid, biasana papatungan warga, atawa nyair duit di jalan. jaman
> HMS mah aya yayasan amal bakti muslim pancasila. nu amalna, nyieun
> masjid dimana bae di endonesia, make model nu saragam.
>
> kabeneran, tatangga kampung di lembur rek nyieun masjid. babaturan
> inget ka si kuring, nya menta gambar. pangyieunkeun, bari duka iraha
> diwanguna, da ngumpulkeun heula waragadna ti warga kampung eta nu
> katembong can loba nu makmur pisan. gambarna aya di mangjamal.
> multiply.com, my design.
>
> di pangulinan cap gajah depa, aya adi kelas urang malaysia, cenah di
> tatangga eta mah masjid teh teu loba cara di urang, teu di unggal
> gewok lembur aya. jeung dina ayana ge cenah, teu kabeh make speaker
> (TOA) pikeun adan. rada aneh oge pikeun urang. di kota, coba itung
> ngaran Gang Masjid. pasti loba.
>
> tah ka mang Hasan atawa saha bae nu keur di Malaysia, atau Bohay nu
> kungsi sakola di dinya, cing konfimasi atawa dongengkeun soal masjid
> di malaysia.
>
>  
>

Kirim email ke