mun dipikir-pikir, motip jadi PNS anu sumebar di sababaraha jalma,
beda-beda.
basa kuring tes, niat harita ngan hayang boga pangalaman Tes PNS. Nyaan. Teu
kurang teu leuwih. Jang nambah cv pangalaman wungkul.
Eh, geuning lulus bari ajaib. Kuring lulus dina pormasi anu diparebutkeun ku
nu harebat jeung linier kasarjanaanna.
Padahal kuring sorangan beda. Boh kaahlian anu dibutuhkeun, komo deui
background.
Ah, resiko meureun.

Ceuk batur loba sabetan. Asa can manggih. Teuing pedah handap keneh,
meureun. Jadi can boga sabetaneun.
Malah kadang, antara beban jeung inkam aya teu fair. Tapi da resiko, nya
dileukeunan bae.

Nya, teu ngaleuleuwihi, aya honor tambahan tina gawe tambahan. Conto, mun
kuring ngajar leuwih ti 12 SKS/ semester, di akhir semester sok aya
istilahna KJM. Sabaraha? Gumantung sabaraha leuwihna. Mun 2 SKS, berarti 2 x
12.500 x kuring datang (biasana 14 kali). Sakitu.

Oh enya. Aya deui. Kuring teh Redaktur JURNAL DAKWAH (Kang Runa jeung Jang
Cepi mah apal jurnalna da nyitakna ka maranehna). Duaan jeung Gun Gun.
Pemredna PD I.
Tah, sataun sakali, kuring kadang-kadang meunang honor. gede pisan, Rp.
52.500. Tapi salila 3  taun jadi redaktur, eta ge karek nampa sakali.
Padahal mun diitung2. Kuring kudu ngaSMS-an penulis, email, jeung nelponan
maranehna. Naha anu kitu disebut sabetan? asana, eta mah honor.

Enya sok aya honor jadi panitia. tapi geus 2 taunan kuring tara ulubiung
kana acara kitu. da eta mah cenang hancengan anu lain dosen.

Malah mun dipikir2, sok rada hanjelu jadi PNS. Ku naon? Teu bisa mroyek APBN
euy. Jadi ku kepres 80/ 2003. PNS siga kuring hese meunang proyek anu
berbasis APBN.

Untuk we bisa nyambi saeurik-saeutik mah di lembaga penelitian. Nya,
nyubsidi PNS kuring. Misalna mun barudak ngirim tugas, pan dibuka tur
diunduhna di dieu.

ke mun kuring naek pangkat jadi pajabat tur aya atawa loba sabetana,
mudah2an kuring bisa ngainpokeun. Ngan dugi ka ayeuna, sabetan tidak
ka-PNS-an mah asa karek eta bae...

Baktos
Tantan

On Thu, Jan 22, 2009 at 5:02 PM, mangjamal <mangja...@yahoo.com> wrote:

>
> PNS di urang boga sajarah panjang nu beda jeung, meureun, nagara
> deungeun, patali langsung jeung pamarentah kolonial walanda, mangsa
> nagara urang ngarana india (nu) walanda, pikeun ngabedakeun india (nu)
> inggris tea. heuheu
>
> aya sakola, cenah kadesek ku kabutuhan pamarentah kolonial pikeun
> ngeusian pos-pos di kantor kolonial pikeun tanaga administrasi. nu
> kusabab pribumi, bisa digajih murah meriah tea. sanajan kituw, ari
> pangkat atawa status nu kaci sakola mah, awalna, ngan ukur turunan
> menak. boh menak ningrat atawa menak jinggo.
>
> naha kudu menak wungkul? sabab cenah, menak teh aristokrat, nu di
> lingkunganana hirup budaya luhur, cek ukuran kolonial, kaasup budaya
> feodal.
>
> hipotesis atawa pakta yen kalolobana rahayat hayang jadi PNS, sigana
> pangaruh turunan langsung ti jaman kolonial.sabab harita, sigana,
> dominasi pamarentah kolonial teh kuat, jeung kaciri nu digawena (pns)
> harita, nya makmur. sabab sanajan gajih leutik, cek ukuran walanda,
> cek urang mah keukeuh gede.
>
> beh dieu, aya deui tuntutan ekonomi, nyaeta meunang pangsiun.
>
> geus heula ah geus burit. heuheu
>
>  
>



-- 
tantan hermansah | SM 1270 I 0818 800 528 I Untuk Kebebasan dan Kebahagiaan
I Bogor

Kirim email ke