punten kang ah ngiringan ulubiung.. sim kuring mah asa sangsi kang .. ka akang 
nu nyebatkeun 75% pns korup .. da sim kuring mah yakin .. memang seueur kang 
pns anu korup tapi yakin persentasena teu sakitu kang .. (mudah-mudahan) komo 
ayeuna PNS mah tos dibaguded ku sagala aturan .. atuh cenah enya da aturan mah 
keur dilanggar .. eh mangga teh teuing anu bade ngalanggar mah .. 

belah dieu panginten anu ngabentenkeun bangsa urang sareng bangsa sejen kang .. 
ari bangsa urang mah anu ditingal teh kasusahna wungkul .. benten sareng bangsa 
sejen .. ditingali tina sisi positifna .. kedahna nyariosna kieu panginten kang 
... SAYA YAKIN DENGAN HANYA 25% PNS YANG JUJUR SAJA .. KITA DAPAT MEMBERIKAN 
PELAYANAN YANG PROFESIONAL PADA MASYARAKAT. kitu panginten kang .. 

sami sareng kang tantan .. atuh asa na mah timana nya sabetanna ..pns teh. ???? 
hehehehehehe (hidup kang tantan lah ...??!!didukung kusayah) meureun enya kang 
sim kuring sanes dilahan nu "baseuh" panginten. tapi hiji nu pasti nu kedah 
dirombak teh sistemna nu aya di pns .. mangga geura taroskeun ka kang romi 
kumaha sistem keuangan dll di pns teh.. ?? da nu aya ge "korupsi berjamaah" 
tapi sanes kanggo diri pribados kang .. mung mensiasati sistem keuangan anu teu 
tiasa sasuai sareng realita kang .. ari anu korup kanggo pribadi mah .. mangga 
teh teuing bade digantung ge .. jiga di china we .. pejabat korup tembak saja 
... beres kan .. satuju saya oge kang kabelah dinyana mah ... 


salaam 
firman 
pns nu hariwang 




  ----- Original Message ----- 
  From: rosidin rosidin 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Thursday, January 22, 2009 6:56 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Re: PNS, teu cocok keur jalma dinamis-modern


  ha3 upami pns teu loba sabetan mah.....moal lieur indonesia teh euy!!!!! 
kuring ge moal jauh2 neangan gawe di nagara batur. mun pns jalujur kabeh... 
indonesia teh moal eleh ku malaysia..... 
  Indonesia loba pisan korupsi na ceuk saya mah mungkin leuwih ti 75 persen nu 
ngalakukeun teh oknum aparat nagara (punten ah ka pns nu jalujur.....???? emang 
msh aya aparat nagara nu jujur???? he3.....mung GUSTI ALLAH nu terang!!!!)....

  --- On Thu, 1/22/09, Irpan rispandi wrote:

  lamun ceuk si ikal dina novel sang pemimpi mah "Power is sweet".

  he..he..he..

  kuring maca berita, pagawe Pemda di Garut, sakali dugem beak 27.000.000,-

  jadol teh euy, nurus tunjung mangkeluk teh.

  kadek we lah tuman.

  jadi meureun keur kasus kang Tantan mah, PNSna di tempat 'garing' lain 

  tempat nu 'baseuh'.


   

Kirim email ke