ah kamari-kamari mah teu mairan teh da nu jadi objek-na teh oknum
pulisi nu buncir tea

ngan pas maca nu ieu di handap, kuring nu statusna PNS alias dibayar
ku nagara jadi hayang komentar euy:
" ... 
sugan atuh ari geus 'kelihatan boroknya' mah, para PNS jeung Pulisi
teh sadar. yen salila ieu manehna teh geus milu andil dina karuksakan
bangsa Endonesia. boh langsung atawa teu langsung.
... "

berarti geus aya 'mindset' (naon nya basa sunda-na?) yen dina pikiran
kang irpan mah, sakabeh PNS jeung PULISI teh sarua wae gorengna
artina, geus disabeunyeurbeaskeun meureun, eta weh tina kata2 'para
PNS jeung Pulisi'.

cik kira2, aya solusi naon tah jang ngabenerkeun PNS jeung PULISI nu
jumlahna teh aya jutaan? kudu kalaluar kabeh kitu ti PNS-na? pan mun
maca pernyataan eta mah, jelas2 nu asup PNS pasti weh teu bener,
langsung atawa teu langsung milu ngaruksak cenah.

*jang info hungkul: ari pagawe telkom mah lain PNS, tapi tetep meunang
pangsiun. da teu sakabeh nu meunang pangsiun teh pasti PNS. swasta ge
loba nu mere pangsiun mah, conto: unilever, astra, jrrd. 

nuhun.

dikdik


--- In urangsunda@yahoogroups.com, Irpan rispandi <mr.rispa...@...> wrote:
>
> Haturan Wa, kumaha tatang
> abdi ge dadang
> (kang nanang buncelik he..he..he..)
> 
> Ngahaja wa, ngarah kaciri panyakitna.
> jalma jarang anu daek berobat, lamun can nyaho panyakitna parah.
> misalna, si ua boga panyakit paru-paru (sabab sok nyeuseupan haseup).
> ayeuna mah kan masih jagjag waringkas, bisa keneh imel-imelan, asa pang 
> gagahna we.
> coba ka dokter, terus dipariksa ku dokter. ceuk dokter teh: "anda 
> mengidap tumor paru ganas meskipun masih kecil".
> tuh lamun geus dibejaan panyakitna ku dokter mah, kapanan si ua teh 
> gura-giru terapi.
> 
> tah ieu oge sarua.
> sugan atuh ari geus 'kelihatan boroknya' mah, para PNS jeung Pulisi teh 
> sadar.
> yen salila ieu manehna teh geus milu andil dina karuksakan bangsa
Endonesia.
> boh langsung atawa teu langsung.
> 
> ngan kuring mah make cara anu togmol, teu sindang siloka.
> budak ngora tea atuh.
> 
> BTW, ari pagawe telkom PNS lain wa?
> boga pangsiun teu?
> he..he..he..
> 
> 
> Tito Suryana wrote:
> >
> > ngiring mairan ah..nahanya mun tisurelek kang irfan mah, miring wae 
> > boh PNS, boh pulisi na. emh..ck..ck....
> >  
> >
> >     ----- Original Message -----
> >     *From:* Irpan rispandi <mailto:mr.rispa...@...>
> >     *To:* urangsunda@yahoogroups.com
<mailto:urangsunda@yahoogroups.com>
> >     *Sent:* Friday, January 23, 2009 9:48 AM
> >     *Subject:* [Urang Sunda] Pulisi Buncir
> >
> >     Haturan Baraya.
> >
> >     Di jalan raya, hususna di kota-kota, loba jalma make seragam
niupan
> >     piriwit bari ngulang-ngulang leungeun. Lamun dititenan, ratar-rata
> >     awakna lalintuh. Beuteung bucitreuk, pipi kembu.
> >     Daharna naon nya?
> >
> >     Hiji mangsa kuring balik gawe, naek metro mini. Naek teh di
deukeut
> >     halteu baswey Dukuh Atas. Teuing aya naon, jalan teh maceeet
> >     pisan. tong
> >     boro metro mini, dalah motor anu biasana giras seselendep,
harita mah
> >     nagen, teu bisa kamamana.
> >
> >     Di Sudirman (Jakarta), jalan teh aya dua jalur, jalur lambat jeung
> >     jalur
> >     cepat. Jalur cepat khusus keur mobil pribadi jeung taksi, sedeng
> >     jalur
> >     lambat keur mobil penumpang umum sejenna jeung motor.
> >
> >     Tah waktu macet tea, di jalur cepat mah lumayan lancar, sanajan
> >     teu bisa
> >     kecepatan tinggi oge. Anehna, sanajan jalur cepat teh husus keur
> >     mobil
> >     pribadi jeung taksi, tapi loba oge beus umum jeung metro mini anu
> >     ngaliwat.
> >
> >     "Coba tadi ngambil kanan", kadenge kenek metro mini anu
ditumpakan ku
> >     kuring ngomong ka supirna. kabeneran kuring diuk dina 'jok'
(padahal
> >     ngan ukur pelat beusi anu dilas kana bodi mobil, ngawangun korsi
> >     panjang) anu pang tukangna. penumpang anu di 'jok' tukang
ngalieuk ka
> >     kenek tea. Ngarasa di perhatikeun, terus we si kenek teh "Curhat":
> >
> >     Kemacetan kieu teh sigana disengaja ku pengatur lalulintas, jalur
> >     lambat
> >     di macetkeun, jalur cepat di lancarkeun. Tujuana sangkan beus-beus
> >     umum
> >     ngambil jalur cepat.Cenah lamun metromini atawa beus asup ka jalur
> >     cepat, moal ditangkep, asal mayar duit.
> >
> >     lamun ti lebah Dukuh Atas, kaluar di Semanggi, mayarna Rp.
10.000,- ,
> >     lamun ti lebah Karet, mayarna Rp. 5000,-. eta duit teh dibikeun ka
> >     'jalma biasa' anu cicing handapeun tangkal samemeh Univ. Atma
> >     Jaya. Ceuk
> >     kenek eta, duit eta teh engkena mah disetorkeun deui ka Pulisi.
> >     Bayangkeun, hiji beus 10.000,-, sabaraha puluh beus tah dina
sa jam.
> >     sabaraha ratus dina sapoe. kali 10.000
> >
> >     Ooh.... pantesan pulisi beuteungna buncir.
> >
> > 

Kirim email ke