sacara budaya, jin diimpor ti arab, milu atawa sapaket dina konsep islam. yen pangeran teu samata-mata nyiptakeun jin jeung manusa iwal ti pikeun ibadah ka pangeran. dibejaan oge proses atawa bahan baku dijieuna jin tina cahaya (ngaharib ka malaikat) sedeng ari setan tina seuneu. soal cahaya, ieu sabenerna bisa ditalungtik ku fisika canggih. sugan kapanggih.
sacara budaya, jurig lahir di urang, pituin atawa native pribumi meureun. warisan ti sistim kapercayaan atawa agama karuhun, duka agama sunda wiwitan,animismeu dinamismeu, hindu atawa budha, atawa campuran ti yang semuah itu(bacana cara cepots). eta patali jeung konsep budaya mitis yen di unggal tempat atawa barang ayana nu ngageugeuh. sacara visual, jin jeung jurie g beda. ruang arab nyieun carita jin cara dina aladdin & lampu wasiat. minangka obsesi urang gurun padang pasir nu harita hese sagala rupa. bisa menta ka jin asal dibebaskeun tina kendi lampu tea. ari jurie g nya cara nu ngageugeuh di jarian, jurie g jarian, nu patali jeung indung-orok, kuntilanak, jsb. sacara rupa kitu, jin teu pikasieuneun, beda jeung jurie g nu pikasieuneun. beda budaya-geografis, beda rupa nu pikasieuneunana. jurie g di bule mah sarupaning vampire, jrrd, teu pikasieuneun cek urang. heuheu. ari zombie ti mana nya? afrika kitu? sanajan urang ngagem islam, warisan karuhun nu jadi artefak pikiran masih napel keneh. jadi pikeun nu borangan, keukeuh we sok sieun leumpang ti peuting liwat tangkal caringin teh. sabab dina otak geus aya memori soal jurie g. heuheu. tah, islam mere ubar pikeun keueung, ayat qur'an dipake pikeun tolak bala tea. sanajan nu lokal oge aya jampe mantra rajah. mj http://geocities.com/mangjamal http://mangjamal.multiply.com