Uing mah paling sieun ku jurig, setan jeung jin anu sok ngadaharan 
duit rahayat.... jadi lamun asup ka kantor pamarentahan atawa dinas 
sok maca heula taawudz sieun kasurupan atawa kusakaba-kaba.
Da eta pernah kaalaman, hiji mangsa asup ka hiji kantor dinas malahan 
jeung Kang Darpan Harjawinangun anu kasep tur kasohor tea. Harita teh 
rek muguhkeun proyek, mere ngaran jalan2 di kota garut make aksara 
ngalagena. Tah, pas dijero kantor teh geus nyampak kabid...Haji ... 
jeung tilu urang bawahanana. Dina proyek eta, geus disaluyuan jeung 
geus turun dana 45 juta perak.
Tah, ari pas harita eta duit rek dipasrahkeun. Kuring, Darpan, Budi 
jeung Ilah guntreng heula jeung eta kabid. Teu guntreng kumaha. Ari 
kuitansi anu ditanda tangan 45 juta, tapi duit anu katarima ngan ukur 
30 juta!
Gunem catur, adu argumen... eta Haji anu Kabid tea mere alesan cenah 
duit anu 15 juta teh geus dicokot ku kepala dinasna, ku bendahara 
dinas jeung bagikeuneun ka kabeh pagawe di eta dinas!
Daripada loba omong bari kabau-bau sungut jeung milu dosa. Antukna 
Kuring jeung Darpan saparakanca SAPUK nolak eta proyek. Duka kumaha 
eta duit anu 30 juta anu harita geus digolerkeun di luhur meja 3 
gepokan lima puluh ribuan teh....jigana mah lapur we...da buktina 
geuningan di garut nepi ka ayeuna ngaran jalan teh tetep we maka 
aksara laten.
Tah kitu pangalaman kuring jeung juring, jin jeung setan. Jadi nepi ka 
ayeuna paling hoream lamun asup ka hiji kantor pamarentah atau dinas. 
Dina kapaksana oge sok taawudz heula...bari babacaan sabisa-bisa


--- In urangsunda@yahoogroups.com, "Waluya" <waluya2...@...> wrote:
>
> > From: "mh" <khs...@...>
> > zombie mah asana ti china. ceuk balad uing nu babah, cenah zombie 
teh
> > aya sasakalana. keur zaman harita nalika can aya kandaraan 
sabangsaning
> > mobil, kareta api, komo kapal ngapung mah, urang china resep 
ngumbara
> > ngadon nyiar kasab ka tempat jauh. ngan lamun pareng nu ngumbara 
tilar
> > dunya keukeuh sok hayang dipulangkeun ka lemburna cenah. tah 
kulantaran
> > walurat, keur nganteurkeun mayit ka lemburna, tara nyewa ambulan 
cenah
> > da can aya tea, nya nyewa dukun (teuing naon istilah china na, 
poho deui) 
> > nu
> > bisa mere komando ka mayit sangkan bisa leumpang aclog-aclogan 
tea.
> > eta mayit teh ngan bisa ngaclog mun peuting hungkul, upama beurang 
mah
> > cenah istirahat heula, memeh nepi ka nu dijugjug. tah kitu cenah 
dongengna
> > teh.
> 
> MH lain di Cina wae, urang Toraja oge kitu. Cenah lamun aya urang 
Toraja 
> wafat di pangumbaraan,  heug rek dikuburkeun eh sabenerna ukur 
diteundeun 
> dina liang dina gawir luhur, mayitna sina leumpang sorangan 
ngajugjug 
> lemburna. Kapercayaan ieu loba dicaritakeun ku urang Toraja sorangan 
atawa 
> ku etnik-etnik sejenna di Sulawesi selatan.
> 
> Bener henteuna mah nya duka teuing .....
> 
> Baktos,
> WALUYA
>



Kirim email ke