henteu kitu asana mah.... nu dugi ka maotna mah mung nu geus lakirabi
wungkul... Ngan, dina kasus anu keur dibahas, teu disebutkeun yen eta nu
kabur teh kaperego keur jinah. Dina enyana oge jinah, dina hukum Islam tetep
kawenangan ngahukum aya di Pamarentah anu ngalarapkeun hukum syare'ah, lain
bisa ku saha bae. Jaba deuih kudu aya saksi minimal 3 atawa 4 asana mah, nu
nyaksian yen bener2 nu didakwa teh ngalakukeun jinah. Jadi, ceuk kuring ieu
mah, alesan nelasan pikeun kahormatan kulawarga (sarupa jeung 'siri' di
Sulawesi kitu?) tina jihat Islam teu bisa ditarima kitu bae. Nu kitu mah
maen hakim sorangan.

2009/2/2 jm_hndsm

>   teu kedah bingung, da kedahna kitu hukum islam mah
> saha wae pelakuna rek adina rek lanceukna anu zinah wajib dirajam dugi
> ka maotna...
> jadi lain digebug kawas di aceh ...
> sok atuh ustad ustad kumaha tah hukumna.
>

-- 
sikandar
su.wikipedia.org
www.urangsunda.or.id

Reply via email to