> "yudi_irmawan" <ade...@...> wrote:
> ku data kumaha bangsa2 nu geus maju tetep miara basa2 minoritas 
> wewengkon. Contona di Inggris Basa Wales dimajukeun deui jeung bisa
> hirup bareng jeung B Inggris (ayeuna kira2 25% utrang Wales
> bilingual). Aya oge ihtiar pikeun ngahirupkeun Basa Cornish

Haturan Kang Yudi. Kamana wae ieu teh? Masih di Inggris atanapi 
parantos mulih ka Indonesia?

Hatur nuhun info ti Inggrisna. Aya hiji hal nu ku urang kudu diconto 
teh ka nagara-nagara maju teh, sikep ngahargaan kana budaya. Sanes 
wae kana budaya maranehna tapi oge kana budaya sejen, kaasup budaya 
bangsa nu ku maranehna dijajah. Contona Walanda, sanajan ngajajah, 
loba ngalestarikeun budaya atawa sesa budaya di urang.

Waktu maranehna manggihan tumpukan batu, nu geus teu dianggap ku 
penduduk sabudeuranana, maranehna panasaran. SInghoreng eta tumpukan 
batu teh urut candi. Geus kitu ku maranehna disusun deui ...jleg weh 
jadi candi Borobudur, salah sahiji "kaajaiban" Dunya....

Di Tatar Sunda, panasaran kulantaran aya basa sejen salian ti Basa 
Jawa di Pulo Jawa, maranehna naralungtik basa ieu, ngadorong pribumi 
supaya make basa eta. Hasilna Basa Sunda "hudang deui" ( tingali 
buku "Semangat Baru").

Sikep model kieu nu teu kapimilik ku urang Indonesia (kaasup urang 
Sunda). Sakapeung urang gampang pisan robah katarik kunu anyar, 
ninggalkeun nu heubeul. Nu heubeul teu ditempo deui. Komo lamun "nu 
heubeul" teh teu aya pakaitna jeung urang contona nya komentar Helmi 
Yahya ieu. Keur saurang Helmi Yahya, Basa Sunda teu aya pakaitna 
jeung manehna sabab manehna lain urang Sunda jeung Basa ieu teu mere 
kauntungan nanaon ka manehna, keur naon dilestarikeun? Keun we 
tumpur oge, ganti kunu anyar, nu sarwa global. Hasilna? Nya jadi 
Indonesia nu teu puguh....

Meureun budaya urang, budaya pragmatis, ngan make teuing alias 
kaleuleuwihi .....


Baktos,
WALUYA 




Kirim email ke