Ngiringan ah*

Sok inget ka indung kuring, mun dahar sangu teu dibeakkeun teh*sok kukulutus, 
pajarkeun teh Dewi Sri sok ngambek ceunah, teu nyaah ka sangu, pamali! Salian 
eta ngingetan ka jalema sangsara, "Alhamdulillah urang mah bisa dahar, batur 
mah can tangtu, beakeun tah sangu teh!". Tapi dikumaha deui ari geus wareg atuh 
nya? Moal enya ari kudu maksakeun diwewel-wewel mah? Matak ongkek, sarua we 
kaluar deui, malah jadi leuwih mubadir teu bisa kapuluk... Tungtungnamah 
diakalan mun dahar, kajeun saeutik tapi beak. Ari hayang deui kari nyokot 
saeutik-saeutik pokonamah kudu beak weh. 

Jaman baheula mah nyangu teh make seeng da kusuluh tea. Rada beh dieu make 
langseng da ku minyak tanah. Kadieukeun, kalobaanana barang teh make listrik, 
mucunghul sabangsaning rice cooker, magic jar srrd. Nya ari ngeunahna mah 
ngeunah sangu tina seeng, seungit. Ari ngudag kana "praktis" mah nya mending 
keneh rais kuker atuh* tapi nya kitu tea, sanguna lila-lila jadi koneng, jaba 
matak teu ngeunah kana beuteung. 

Indung kuring jadi mindeng ngangluh make "seeng listrik" teh, sangu nu 
diempet-empet teh tungtungna haseum. Kabeneran aya nu ngabejaan yen mun hayang 
awet, sangu teh samemeh dipasak na rais kuker dibere jeruk nipis kira2 2 siki 
mah*(gumantung kana loba beasna, mu leuwih loba, nya jerukna ge leuwih ti 2). 
Nyaan we, sangu teh awet, teu koneng. Tapi angger lila-lila mah sok haseum da 
nu daharna ngan saeutikan.

Sakapeung mah sok sieun oge ari ngadenge sangu haseum bae. Naha? Aya "mitos" 
ceuk kolot baheula, mun sangu haseum bae, ciciren aya dulur/baraya nu maot. 
Teuing bener teuing henteu* atawa kabeneran meureun* Nya oge sok aya beja ti 
lembur kana telepon/SMS, si anu maot* Indung kuring langsung nyalahkeun 
sangu,"Innalillahi*paingan* sangu teh haseum bae!" 

Mindeng oge meunang beja ti adi kuring nu di Jatim ngahaja nanyakeun ka indung 
kuring,"Mah, kunaon nya sangu teh haseum wae? Aya nu gering teu di lembur? 
Waduh, boa-boa rek aya nu maot?".. Ari pek teh disidik-sidik, si bibi nu sok 
babantu di imahna teu bersih ngisikan beasna hehehe*.

Cep Irpan, di wewengkon Ceuceu mah (leresan Margahayu-Bandung) teuing mimiti ti 
iraha, teu apal, ngan geus tibaheula aya tukang meulian/nampa sangu haseum. 
Sangu poe, ceuk indung kuring mah da mun sangu teu kadahar jadi haseum teh 
tuluy dipoe, jadi garing jiga kerak. Ampir unggal poe, pabeubeurang si emang 
sok ngurilingan komplek make sapedah," Arooon*aaaarroooon*!" 

Teuing sabaraha sakilona dibeulina teh, da sok dibikeun we ku indung kuring 
mah. Barina ge, mun dibeuli da teu sabaraha. Ceuk si Emang, aron teh pikeun 
parab meri (lain Merry nu geulis tea nya heuheu*).

Salian ti bisa dipake parab, sangu aron teh di lembur kuring mah sok dijieun 
kurupuk gendar. Jaman nini kuring aya keneh mah, sok resep ningali nini kuring 
rereongan jeung tatanggana, nyieun kurupuk gendar tina aron. Nyieunna sarua 
jiga nyieun Opak, make gencetan nu tuluy dipoe dina ayakan nu garede. Nya 
tangtu rasanamah teu sangeunah kurupuk gendar nu dijieun tina beas alus (lain 
sangu aron) tapi lumayan keur capek rahemeun mah.

ro2

>>> mr.rispa...@gmail.com 02/11/09 01:36PM >>>

Sangu Haseum Parab Lele

Sigana anu kaalaman ku kuring, bisa jadi oge kaalaman ku baraya sejen. 
Kuring jeung pamajikan, duanana papada digawe. indit isuk balik sore. 
Malah kuring mah nepi ka imah teh jam satengah salapan peuting.

Kirim email ke