===========================================
Diturun-ditik ku Saleh Danasasmita 1963
Diturun deui ku Maman Suratman 1968
Diturun deui ku H. Endang Kosasih MA, 1999
diturun deui ka milist ku Roza Rahmadjasa Mintaredja, 2009.
===========================================

PUN!
SAPUN!
Ka Pupunclak Agung Pamunjung,
Anu Agung Sang Rumuhun,
Hyang Guru Agung Pangruhum,
Anu Nunggal di Kalanggengan,
Anu Langgeng dina Nunggalna,
Anu ngabogaan sakabeh Alam,
Anu ngabogaan sakabeh Jagat!
Paralun!
Sapun!

ka Sakur anu diRuhur,
ka Guru Hyang Nunggal,
ka Dewa nyangking kaWening,
ka Dewa ngagem Wewenang,
ka Dewa Nunggal Kawasa
ka sakabeh, nu araya di kaHyangan,

Sapun!
ka sakabeh anu dihandap:
ka Batara ka Batari,
ka Resi eujeung Pandita,
ka sakabeh...
nu kumelip, nu arusik
nu ngawararuga
dina wujud sewang-sewangna:
nu ngagelar, nu ngarumpay,
nu narangtung, nu ngagantung,
nu ngagulung, nu narangkub,
nu nangkarak ,nu ngarambat,
ka sakabeh...
nu kadeuleu teu karasa,
nu ka ambu teu kadeuleu,
teu kadeuleu tapi aya...
ka sakabeh...
nu ngarendag, nu lumamapah,
harirup jadi pangeusi,
nyaricingan jagat ieu, alam ieu!
Paralun!
Sabab kaula eudeuk nyatur,
nyatur pantun anu buhun,
haneuleum tunda Karuhun,
hanjuaneun anu marapay....!

Paralun!
Mantak kaula nyatur,
ku sabab PAJAJARAN dijieun carita,
tapi disilok
ku anu sarieun
dipapajarkeun mumuja Dewa,
jeung direka dirarobah
dijarijieun jieun kanu gariruk,
jeung kusabab
kaula nyaho...
engke jaga...
baris datang deui jalema
loba menak loba pangkat
harayang diaraku deui...
Rawayan ti PAJAJARAN! (RAWAYAN=TURUNAN)

Paralun!
Jin!
Iblis!
Setan marakayangan!
Ipri!
Onom!
Dedemit!
jeung Jurig nyiliwuri!
Rampes nun!
Lalinggih !
Ulah arobah tina sila!
ulah arusik tina calik!
Bandungan tina jajaran!
jajaran darekan karuhun,
sabab kaula..
endeuk jajarkeun carita:
carita ti beulah Pajajaran,
ngajajarkeun jejer sajati,
nu asalna ,...lain beunang ngareka-reka
tapi...
digelarkeun ku karuhun,
kana hate anu rancage,
Hate saha?
Hate Sunda!
Nu Sundana dina dani
nu dani na dina hirup
nu hirupna sagala samar,
nu samarna ngalaman deui,
ngalaman jaman cara baheula..
boga Raja hanteu sulaya,

Paralun!
Bandungan !..................

[Lajengkeuneun]

Kirim email ke