Urang kocapkeun!
Kocapkeun!

Di Nagara Pajajaran...
Lain Pajajaran nu kiwari!
Pajajaran geh anu baheula!
Nu jadi Raja?......
Gagah sakti kaliwat saking
Nya dia
anu ngaranna Prabu Siliwangi
Ari anakna? Lobana tilu kali salawe
Da bongan , biangna geh
saratus punjul satengah
Tunda!
Urang caritakeun hiji anak inyana
nu sakti ngala ka aki
nu gagah ngala ka bapa
Ari ngaranna?
Ki Hyang Santang Aria Cakrabuana!
Euwuh pantar
euweuh tanding
nyarita inyana ka Lengser:
" Uwa,...uwa!
ngaing teh, ayeuna mah
cukup elmu jeung pangaweruh!
Tapi hate ngaing, hanteu betah jasa!
Sabab, geus lila euweuh teunggeuleun,
geus lila euweuh sepakkeun,
euweuh lawan sanagara,
euweuh musuh ngajak rusuh!
Kumaha lawan teh, tinggal sia bae...Uwa!?
kumaha,
amun aing nyaba jauh,
nyiar lawan dinagara deungeun?
Ceuk si Lengser:
"Ulah Aden, ulah!"
ceuk Ki Santang:
ku nahaeun diulah-ulah?
Sabab
Amun Aden miang ka buana luar
ka nagara nyabrang lautan
Engke
dimana Aden mulang
Pajajaran teh,
ngan kari ngaran!
Tapi dasar peuteukeuh,
teu beunang diulah-ulah
Nya miang inyana ka nagara sabrang lautan.

[Lajengkeuneun]


Kirim email ke