Kocapkeun ayeuna di karaton!
Karaton mana?
Karaton Pajajaran,
Karaton Pajajaran ogeh anu baheula!
Nu kiwari geh, geus euweuh urut-urutna acan!
Datang cenah hiji utusan
Mawa surat tilu gembolan
ceuk raja: " Lengser!"
ceuk Lengser:" Ke heula !"
ceuk raja:"Kunahaeun make ke heula?"
ceuk Lengser:
" Beusi tutung !"

ceuk Lengser:
" Pais bakatul
deuk nyuguhan semah .

ceuk raja:"Heueuh!
Beusi tutung!
Balikkeun,
laju dia kadieu,
Pariksa ku dia eta utusan

ceuk si Lengser:"Wah, !
Teu mudu dipariksa deui,
kula mah,
nenjo jelema sarua jeung manggis!
Nyaho dicupat,
nyaho di eusi,
irung kitu mah,
geus tangtu moal nyalahan deui,
dicicingna sagede lelejing
di motahna, bisa sagede honje,
panjangna bisa saasta leuwih, !"

ceuk raja, :"Lain jelema!
Suratna ku dia kudu dipariksa,

Laju si Lengser mariksa surat,
Lobana tilu gembolan
mariksa..........
mariksa..........
lilana
tilu poe tilu peuting!
Awahing ku tunduh
jeung loba teuing surat nu dipariksa,
si Lengser jadi nundutan,
nundutan bari ngelay
Laaaaaaay!
Lay keuna surat
lay keuna baju,
lay keuna mata ucing,
nu ngaringkuk dina tumpukan surat!
Laaaaaaay.........lay...........lay..........laaaaaaaaaay!
ceuk raja:"Teuin!
da kula mah
apan teu bisa maca!"

ceuk si Lengser:
Kadieukeun!
Tah eta...
nu aya gambaran bentang jeung bulan,!"

Dorolang raja maca surat
macana barian edeg,
da ngarana geh raja!
Buncelik!
Molotot....
Mani sagede-gede kenong
Da ngaranna geh, mata raja!
Kumisna
plaaad kaluhur,
plaaaad kahandap.
Da ngaranna geh, kumis raja!

ceuk raja: "E - eh,..... e - eh!
ngomongna bari tetenjrag,
tetenjrag datang ka eundeur,
brong- breng -brang
sora ti dapur
tetenong ragrag di pago
Da ngaranna geh tetenjrag raja!

ceuk raja:"
"Lengser !"

ceuk si Lengser:
"Sumuhun dawuh !"
ngomongna barian nyembah,
ngan nyembahna barian peureum!
Awahing ku tunduh!

ceuk raja bari tetenjrag,
brong-bring-brang
sora ti dapur
bareok pago
rungkad hawu....
Da ngaranna geh, tetenjrag raja

ceuk raja:"
"Lengser!"
ieu surat
dijempolan
ku raja sebrang kulon!
Geuning, bet ngajak rusuh!"

ceuk siLengser:"
"Bebekkeun beeeee!"
Maenya raja eleh ku suurat!
Si Lengser ngomong barian nyembah
nyembah barian tikusruk
awahing ku tunduh

"Deuleu!"
ceuk raja bari tetenjrag,
Da ngarana geh tetenjrag raja!

"Deuleu!
ceuk dina surat,
ngaing kudu DISUNDATAN!
mun teu nurut
Pajajaran baris dipagang"

[Lajengkeuneun]

Kirim email ke