Enya atuda kaboga urang teh kurang kumaha, laut kidul upluk-aplak,
laut jawa kitu oge.
Uing uing ukur kaagehan asin teri. Lauk pungkilna dihakan urang
Jepang, dihakan urang Korea.

Tah ieu kuduna mah prioritas Gubernur teh, kumaha carana sangkan lauk
laut kidul jeung laut
Jawa bisa nepi ka tuntung gunung lembur urang Sunda. Ulah urang ukur
lauk asinna hungkul.

salam,
mh

On Fri, Feb 20, 2009 at 11:42 AM, ua duq <[email protected]> wrote:
> kuring salaku, nu boga sababara sapi potong, ngadukung rarangcang program
> ieu.
>
> mudah-mudahan kuayana nu samodel kieu konsumsi daging urang sunda gancang
> nerekel nu antukna sapi potong kuring nu ngan sababara ese ngilu nalaktak
> jadi ngarebu
>
> hirup daging (kudu sapi ulah embe)!
>
> duq
> lalakisapi :))...
> tapi keur nyanghareupan kalagede euy, keur kuring nu pumeternak nu oge
> aumktipis bumibulaojeunghejo. cenah produksi gas rumah kaca si emoh ieu
> leuwih rohaka tinimbang nu dikaluarkeun embem :(
>
> On Fri, Feb 20, 2009 at 9:25 AM, mh <[email protected]> wrote:
>>
>> Nu matak ulah poho, utamana ka para wanoja Sunda, nu katitipan budak,
>> geura robah pola dahar, hehehe.
>>
>> Mun biasana eusi meja teh lauk ukur sakuereut-sakeureut, endog
>> dipotong dua, daging dicincang sagede kaleci, ari sangu saboboko
>> metung, sambel ledok sacoet gede, jeung lalab saayakan; Tah ayeuna mah
>> laukna nu baradag, endogna tong dipotongan, atuh dagingna sing sagede
>> peureup buta, nu lainna kurangan.
>>
>> Meureun kucara pola dahar jiga kitu, kakara kaluar karakter maungna nu
>> gagah gagauran. Geura toong pola dahar urang bule, eta bakakak hayam,
>> teu antapwarah sabeulah ku sorangan.
>>
>> salam,
>> mh
>>
>> _,___
>
>
> --
> d-: dudi herlianto :-q
> ~nyoba ngilu ngabauan dunya~
> uaduq.co.cc
>
>
> 

Kirim email ke