cara naon nu didahar manusa di hiji tempat pastina bagian ti (budaya) cara
hirup sejena. pastina geus ti beh ditu mula.

di nagri tiis-opat usum-, manusa kudu loba dahar daging, sabab lemakna
pikeun nahan hawa tiis. aya bule gigireun? cabak geura kulitna, asa
karandel. sigana lemak pikeun nahan hawa tiis. mun sato mah buluna
meureun. heuheu.

nu kapanggih ku kang yaya urang tungtung seoul, cara naha wanoja sunda
kulitna alus, sabab sok make daun jambu ari mandi. ditoong ku cara ilmiah,
sihoreng dina daun jambu aya bakteri nu bisa ngalusan/ngalemesan/ mersihan
kulit.

tah, palebah urangsunda beuki lalab, sarupaning dangdaunan, teu kaasup
daun ceuli jeung daun panto, cenah dina jero lalab we ngandung bakteri nu
hade pikeun kasehatan awak manusa.

ari jeng colt mah duka tah. kadaharan top bauna. meureun that's why urang
teh kitu. bau! haha.

aya obrolan dina radio ardan asana, basa nebeng budak dianteurkeun ka
sakolana.

teu apal mimitina, ngan kieu we nu inget..
"neng, pasti urang sunda nya?"
"naha gening apal? wanoja sunda tea terkenal, gareulis, kulitna koneng,
jsb."muhun."
"terang timana deui?" cek si wanoja panasaran.
"nembe eneng ti kamer mandi, kamer mandi janten bau jengkol."
heuheu

asana sacara kandungan gizi, daging loba ngandung protein. tah meureun si
protein teh sacara kimiawi bisa mangaruhan otak, jsb, nu engkena
mangaruhan oge kana sikep.

ayeuna rada mindeng dahar daging domba jeung sapi, sanajan teu apal domba
atawa sapina jalu atawa bikang, ngarasa cicing di tempat tiis, cihideung.

mj

http://geocities.com/mangjamal
http://mangjamal.multiply.com

Sigana gampil Kang...robih wae tina neda katuangan Embe ..kana tuang wae
Embena...sapertos Maung...ngan eta meureun Kolesterol enggal nerekelna..

On 2/19/09, mh <[email protected]> wrote:
>   On Thu, Feb 19, 2009 at 6:03 PM, eminx
> <[email protected]<sujalma%40gmail.com>>
> wrote:
> > calung ngaing tetep tulang maung...
> > da maungna tos teu aya ... ngan rohna maung nu tetep ditakolan ku
> barudak
> >
> Lain baraya euy, pernah kapikir teu ku dia sakabeh?
> Geura pikir, urang teh ari ngainterpretasikeun diri turunan Maung
belang, nu gagah rongkah.
> Tapi ari katuangan bet resep kana kadaharan Embe, resep kana dangdaunan
nya.
> Boa-boa sikep midua ieu nu ngajadikeun karakter maung teh teu napel na
awak urang.
> Nu antukna urang ukur jadi patalukan, teu pati resep padungdung
> tutumpuran.
> Tah supaya idola nu aya dina implengan sajalan jeung karakter nu napel
dina kalakuan,
> ngarah urang jadi tuan minimal di lembur sorangan, jigana urang teh kudu
ngarobah pola
> barang dahar. Tina mikaresep kadaharan embe, urang ganti kana kadaharan
maung.
> Tah lamun geus kitu jigana bakal kaluar karakter maungna.
> salam,
> mh





Kirim email ke