Nuhun kang kumi,jadi langkung terang ka bhs si teteh nu damel di bumi.
Da kapungkur abi gd bingung basa si teteh nyebatkeu 'doang, ndung, dong'.
Pami ' laju, jasa, je'  di Tangerang oge aya sanajan bhsna campur bhs
Indonesia. Jasa na teh dipanjangkeun kieu ' jeee dia mah gitu jasaaaa'

On 2/23/09, Kumincir Wikidisastra <kumin...@urangsunda.or.id> wrote:
> ---------- Forwarded message ----------
> From: avid rollick septiana (via Multiply)
>  [image: Blog Entry]Basa Sunda Urang
> Malingping<http://multiply.com/gi/avid:journal:56>
> ****Feb 22, '09 11:45 AM
> for everyone
> BASA SUNDA URANG MALINGPING
>
> Baheula mah, keur anyar datang, sok loba kerang-kerung mun pareng ngobrol
> jeung urang Malingping teh. Komo nu di pasisian mah, sabab salian ti loba
> kecap-kecap nu teu kaharti, lentongna oge aneh. Orokaya, jadi hese nangkep
> maksud omonganana.
>
> Tapi lila-lila mah biasa deui. Ku mindeng tatanya jeung remen ngadenge mah
> bisa oge geuningan. Malah mun balik ka Bandung atawa Ciamis sok loba nu
> ngageuhgeuykeun, geus jiga urang Banten cenah. Kutan?
>
> Na kumaha kitu basana? Nya beda we. Munasabah sabenerna mah,da di unggal
> daerah ge sok pasti boga basa wewengkon masing-masing nu teu kapanggih di
> daerah sejen. Jadi lain di Malingping atawa Banten bae.
>
> Nu puguh mah, rata-rata urang Malingping mun ngobrol basana kasar, ceuk
> ukuran urang priangan mah. Basa pamajikan anyar pindah kungsi reuwas pedah
> aya pamajikan anak buah nu nyebutkeun hulu, lain mastaka, ka manehna. Basa
> ku kuring dijelaskeun yen memang basana kitu, lain maksud nyinggung, karek
> ngartieun. Malah sok kagugu mun ngadenge deui teh.
>
> Padahal cenah, aslina basa Sunda mahmemang kitu. Nu hartina egaliter, teu
> ngabedakeun saha nu diajak ngomong. Ngobrol ka cacah jeung ka menak nya
> sarua bae. Ayana undak-usuk basa -nu nyababkeun basa aslina karasa jadi
> kasar /teu nyakola- mah hasil pangaruh basa tatar priangan kaereh ku
> Mataram.
>
> Tapi teu saeutik oge urang Malingping geus ngarti kana undak usuk basa.
> Utamana urang puseurna nu kungsi sakola jeung remen hubungan jeung urang
> priangan pendatang. Sakola memang salah sahiji 'sarana berkembangna' basa nu
> 'mriangan.' Sabab guru-guruna, utamana guru-guru senior, lolobana memang
> datang ti tatar priangan, saperti Ciamis, Tasik jeung Garut. Baheula mah can
> loba urang Malingping asli nu bisa sakola luhur nepi ka jadi guru.
>
> Tah, nu ngartieun mah, mun nyahouen ngomong jeung urang nu datang ti
> priangan teh sok milu lemes, sanajan ari ngobrol jeung papadana mah biasa
> bae beledag beledug. Aya oge nu jadi ngadadak mindel. Basa diseleksek, sieun
> salah omong pokna.
>
> Ku sabab lentong mah hese ngagambarkeunanan, nu bisa dicaritakeun di dieu
> mah kecap-kecap nu kuring di anggap aneh bae. Urang tataan geura:
>
> Urang Banten, umumna nyebutkeun ka dirina (jalma ka hiji) teh kami. Sedeng
> ka nu diajak ngobrol dia. Kecap kami, di priangan aya oge, tapi teu ilahar
> atawa arang langka dipake jang nyebutkeun sorangan. Biasa kadenge teh sok
> dipake jang nyalin sesebutan diri Pangeran dina khutbah. Sedeng kecap
> diamah jigana ngan aya di tatar banten wungkul.
>
> Urang Malingping/Banten oge nyebut akang (milanceuk) teh ku kaka. Akarna mah
> jigana sarua, neneh tina kecap raka
>
> Tong heran mun urang Malingping remen nyebut burung. Lain hartina nyebutkeun
> urang gelo, atau nyaritakeu nu teu jadi, tapi burung teh kecap panganteb nu
> fungsina kira-kira sarua jeung atuh.
>
> "Kadieukeun burung bukuna bade disimpen mah!"
>
> Kecap-kecap sejen:
>
> Lila : kebel
> Hese : gati
> Da : ja
> Ngambek : marah
> Jiga : doang
> Tara : telok
> Tukang : buri
> Ribut : haliwuh
> Ngobrol : cacahan
> Loba gaya : lalagaan
> Embung : endung
> Sukur : kamayangan
> Anjir : bagor
> Engke : engkin (ieu mah ilahar di daerah Cianjur, Sukabumi, bogor ge)
>
> Aya oge kecap-kecap nu arang langka dipake ku urang priangan tapi ilahar di
> Malingping mah:
>
> Geuwat : geura
> Lalaonan : Anca
> Pisan : Amat
> Terus : laju
> Hade/Alus : Endah
>
>
> Aya nu tibalik. Isin, di priangan mah lemes, tapi di Malingping mah kasar.
> Sabalikna jeung era.
>
> Mun urang malingping nganahakeun (naha bet) cukup ku kecap pan?
>
> "Pan, motorna diparkir di dieu?"
>
> Aya deui nu aneh. Rarangken –na di Malingping mah jadi –an. Mun nyebut
> pangkasepna
> teh jadi pangkasepan.
>
> Kahade atawa mangka hade jadi nu hade
>
> Nu aneh deui mun nyebut pamajikan atawa awewe cukup ku ewe bae. Jorang ceuk
> urang priangan mah. Tapi biasa bae ceuk urang ditu mah.
>
> Jadi tong heran mun hiji mangsa urang Malingping ngomong "pamajikan keur di
> ewe Lurah" bari kalem-kalem bae. Tong mikir nu lain-lain, da manehna mah
> keur ngobrolkeun yen pamajikanna keur aya di pamajikan pa lurah. Kitu.
>
> Cag!
> ****
> --
> sikandar
> su.wikipedia.org
> www.urangsunda.or.id
>

-- 
Sent from my mobile device


------------------------------------

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:urangsunda-dig...@yahoogroups.com 
    mailto:urangsunda-fullfeatu...@yahoogroups.com

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    urangsunda-unsubscr...@yahoogroups.com

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Reply via email to