sim kuring kantos ngumbara ka daerah tangerang aya kana 2 tauna, gaduh 
rerencangan urang pandeglang
ngiringan MLM teras ngiringan nguruling nawarkeun barang harita teh obat2an, 
kieu ceunah nyariosna teh...
"Tah ibu lamun nu ieu mah "dihakana", sapoe sakali..." awal2 mah asa karaget 
merhatoskeun basa urang kulon
tapi da eta teh salah sawios beungharna bahasa sunda panginten nya, nambihan 
kang kanggo informasi
pami di kulon mah "sampeu" janten "Dangdeur" janten tong kaget pami ameng ka 
tatar kulon
aya nu nawisan "Dia beuki kulub dangdeur teu?.. tras cai herang janten "Kulub 
Cai" jadi 
ke pami nganjang ka kulon insyaAllah mendakan Kulub Dangdeur plus kulub cai, 
geseh saalit sareng kulub cau

cag ah...




________________________________
From: Kumincir Wikidisastra <kumin...@urangsunda.or.id>
To: Kusnet <urangsunda@yahoogroups.com>
Sent: Monday, February 23, 2009 6:52:14 PM
Subject: [Urang Sunda] Fwd: Basa Sunda Urang Malingping


---------- Forwarded message ----------
From: avid rollick septiana (via Multiply)

 
 Basa Sunda Urang Malingping Feb 22, '09 11:45 AM
for everyone 
BASA SUNDA URANG MALINGPING

Baheula mah, keur anyar datang, sok loba kerang-kerung mun pareng ngobrol jeung 
urang Malingping teh. Komo nu di pasisian mah, sabab salian ti loba kecap-kecap 
nu teu kaharti, lentongna oge aneh. Orokaya, jadi hese nangkep maksud 
omonganana.

Tapi lila-lila mah biasa deui. Ku mindeng tatanya jeung remen ngadenge mah bisa 
oge geuningan. Malah mun balik ka Bandung atawa Ciamis sok loba nu 
ngageuhgeuykeun, geus jiga urang Banten cenah. Kutan?

Na kumaha kitu basana? Nya beda we. Munasabah sabenerna mah,da di unggal daerah 
ge sok pasti boga basa wewengkon masing-masing nu teu kapanggih di daerah 
sejen. Jadi lain di Malingping atawa Banten bae.

Nu puguh mah, rata-rata urang Malingping mun ngobrol basana kasar, ceuk ukuran 
urang priangan mah. Basa pamajikan anyar pindah kungsi reuwas pedah aya 
pamajikan anak buah nu nyebutkeun hulu, lain mastaka, ka manehna. Basa ku 
kuring dijelaskeun yen memang basana kitu, lain maksud nyinggung, karek 
ngartieun. Malah sok kagugu mun ngadenge deui teh.

Padahal cenah, aslina basa Sunda mahmemang kitu. Nu hartina egaliter, teu 
ngabedakeun saha nu diajak ngomong. Ngobrol ka cacah jeung ka menak nya sarua 
bae. Ayana undak-usuk basa -nu nyababkeun basa aslina karasa jadi kasar /teu 
nyakola- mah hasil pangaruh basa tatar priangan kaereh ku Mataram.

Tapi teu saeutik oge urang Malingping geus ngarti kana undak usuk basa. Utamana 
urang puseurna nu kungsi sakola jeung remen hubungan jeung urang priangan 
pendatang. Sakola memang salah sahiji 'sarana berkembangna' basa nu 'mriangan.' 
Sabab guru-guruna, utamana guru-guru senior, lolobana memang datang ti tatar 
priangan, saperti Ciamis, Tasik jeung Garut. Baheula mah can loba urang 
Malingping asli nu bisa sakola luhur nepi ka jadi guru.

Tah, nu ngartieun mah, mun nyahouen ngomong jeung urang nu datang ti priangan 
teh sok milu lemes, sanajan ari ngobrol jeung papadana mah biasa bae beledag 
beledug. Aya oge nu jadi ngadadak mindel. Basa diseleksek, sieun salah omong 
pokna.

Ku sabab lentong mah hese ngagambarkeunanan, nu bisa dicaritakeun di dieu mah 
kecap-kecap nu kuring di anggap aneh bae. Urang tataan geura:

Urang Banten, umumna nyebutkeun ka dirina (jalma ka hiji) teh kami. Sedeng ka 
nu diajak ngobrol dia. Kecap kami, di priangan aya oge, tapi teu ilahar atawa 
arang langka dipake jang nyebutkeun sorangan. Biasa kadenge teh sok dipake jang 
nyalin sesebutan diri Pangeran dina khutbah. Sedeng kecap dia mah jigana ngan 
aya di tatar banten wungkul.

Urang Malingping/Banten oge nyebut akang (milanceuk) teh ku kaka. Akarna mah 
jigana sarua, neneh tina kecap raka

Tong heran mun urang Malingping remen nyebut burung. Lain hartina nyebutkeun 
urang gelo, atau nyaritakeu nu teu jadi, tapi burung teh kecap panganteb nu 
fungsina kira-kira sarua jeung atuh.

"Kadieukeun burung bukuna bade disimpen mah!"

Kecap-kecap sejen:

Lila : kebel
Hese : gati
Da : ja
Ngambek : marah
Jiga : doang
Tara : telok
Tukang : buri
Ribut : haliwuh
Ngobrol : cacahan
Loba gaya : lalagaan
Embung : endung
Sukur : kamayangan
Anjir : bagor
Engke : engkin (ieu mah ilahar di daerah Cianjur, Sukabumi, bogor ge)

Aya oge kecap-kecap nu arang langka dipake ku urang priangan tapi ilahar di 
Malingping mah:

Geuwat : geura
Lalaonan : Anca
Pisan : Amat
Terus : laju
Hade/Alus : Endah


Aya nu tibalik. Isin, di priangan mah lemes, tapi di Malingping mah kasar. 
Sabalikna jeung era.

Mun urang malingping nganahakeun (naha bet) cukup ku kecap pan?

"Pan, motorna diparkir di dieu?"

Aya deui nu aneh. Rarangken –na di Malingping mah jadi –an. Mun nyebut 
pangkasepna teh jadi pangkasepan.

Kahade atawa mangka hade jadi nu hade

Nu aneh deui mun nyebut pamajikan atawa awewe cukup ku ewe bae. Jorang ceuk 
urang priangan mah. Tapi biasa bae ceuk urang ditu mah.

Jadi tong heran mun hiji mangsa urang Malingping ngomong "pamajikan keur di ewe 
Lurah" bari kalem-kalem bae. Tong mikir nu lain-lain, da manehna mah keur 
ngobrolkeun yen pamajikanna keur aya di pamajikan pa lurah. Kitu.

Cag! -- 
sikandar
su.wikipedia. org
www.urangsunda. or.id

   


      

Kirim email ke