IANG DOMBA#1 Wanci janari leutik Ardasim geus kencling indit ti lemburna ciromed, maksudna nek iang domba ka pasar ciroyom. Domba nu nek diiangkeun teh aya sapuluh , jalu lima danten lima, nu danten kapaksa dijual da geus sababaraha kali dipacekeun teu reuneuh wae bajir sigana mah atawa boa ngilu program kabe. Ngahaja teu nyewa mobil, meh muklis cenah untungna.
Domba nu sapuluh, kabeh ditalian beuheungna terus dicangreudkeun kana cangkeng ardasim. Mimiti mah domba teh marugen mumul indit, aya nu murelek wae heuay, aya nu gigisik panon, aya nu ngalindur, jero hatena mah meureun keuheul keur ngeunah ngeunah sare tibra digugubrag titah lunta. Durudud talina dikenyang, daek teu daek domba nuturkeun lengkah ardasim. Sapanjang jalan sakapeung kapeungeun ngan ukur dicaangan ku lampu kandaraan anu lalar liwat, untung pas pengkolan cikuda panggih jeung nu nek iang awi leunjeuran anu tuntung leunjeuranana dicaangan ku obor mani ngagebur, teuing nek diiangkeun kamana. Kaayaan lebah dinya jalanna mudun tur pungkal pengkol, nu tadina domba nuturkeun titukang jadi tibalik ngabret tiheula hayang paheula heula, daek teu daek ardasim ka sered. Nepi ka jatinangor, ardasim ngahegak nahan kacape, tikorona garing hayangeun diguyur bajigur instan made in emana sibagja,ngan hanjakal tokona tutup keneh, maenya ari kudu digugubrag mah, kuriak dibentur salakina,sikumi. Diparapatan cileunyi domba teh kalahka mengkol ka kenca, reg areureun, terus ngagaremos nyaratu jukut anu ngemploh hejo jaradi didinya, aya hiji nu teu ngilu gagares teh,nu bikang, gawena ngan pepelengkingan kawas nahan pikiiheun. Ningali kitu ardasim surti pok ngomong. "Nek kiih mah cer cer we atuh, teu kudu ka toilet sagala!" Katingali dilebah dinya aya toilet umum, ngan tutup keneh kawantu peuting keneh. Dikitukeun domba ngabelehem, terus nyalingker kanu buni cer kiih. Anjog ka hareupeun pintu tol cileunyi, domba dibariskeun titah nyebrang, aneh najan didinya aya tempat penyebrangan anu ditandaaan ku zebra cross sarta kandaraan nu lalar liwat ge keur suwung tapi domba tetep mugen mumul nyebrang. Ardasim pok nanya ku basa domba, lamun dibasa manusakeun mah kieu "Gancang nyarebrang, Njing!" dijawab ku domba meh bareng "Dewek domba Euy, lain anjing deuleu! jeung belegug deuih piraku nyebrang di zebra cross, pan paragi dewek domba cross!" bari nek ngagadil ardasim. "Mantangul ka dunungan siah!" ardasim kekerot bari ngenyang tambang satakerna, bring domba ngabret nyarebrang. Disebrangeun jalan, disampakeun gorowokna para calo nawarkeun jasa, bleg we terminal bayangan. "Uki..uki...joss tol! Sabelas jok deui langsung berangkat yeuh!" Kawas nu meunang ngitung we, da mun diitung, ardasim jeung dombana teh pas pisan aya sabelas hulu. "Moal, kuring mah nek ka ciroyom!" jawabna bari leos indit. Sabenerna teu kudu nyebrang kadinya, motong jalan ge bisa ari jeung ngaliwat domba mah, ngan ardasim mah taat aturan jadi muter dihareupeun pintu tol terus balik arah deui, heuleut lima puluh meter tidinya ngagilek ngenca, mapay jalan cileunyi heubeul. to be continued........part#2