pemilu 9 april hareup, model anyar. salian ti carana, baheula mah nyoblos ku 
paku, ayeuna mah dicontreng cenah.

nu anyar deui, asana ayeuna mah dina milih partey teh, oge milih ngaran calegna 
boh dpr boh dpd. jadi meureun rada sugema ayeuna mah da puguh urang milih si A 
atawa si B, teu ngan ukur milih partey cara baheula.

komo bari rada wanoh atawa wawuh. dina engkena sare keur sidang di senayan, 
urang meureun apal, saha-sahana, utamana nu ku urang dipilih.

jadi kanu geus boga kokojo atawa kawawuhan caleg, nya milu pemilu. ulah nepi ka 
henteu. asa mubadir oge dana trilyunan nu dipake pikeun kikituan bari urang teu 
pipilueun.

Kirim email ke