nu kabayang ku kuring mah: nambah biaya. sosialisasi. bari mun ningali kana
surpei-surpei nu pernah kailuan mah masih loba keneh nu saralah dina cara
nyoblos. mun teu salah cara nyontrengna na teh bisa ukur gambar/nomer
partey. atawa ukur di gambar/nomer caleg nu deuk dipilih. mun teu salah
deui, mun aya nu nyontreng nya gambar partey nya gambar caleg nu dipilih,
asup jadi sora teu sah.

mang j, milih caleg sacara indipidu mah ti pemilu 2004 ge asana mah enggeus.
ngan bedana ayeuna mah nomor urut partei leuwih turun mangpaatna. aya
sababara partey nu mikeun sora nu ukur milih partey/ sora-sora leuwih/
sora-sora nu teu mahi di hiji calon ka caleg nu panglobana tapi teu mahi
keur meuli korsi. teu cara pemilu saacanna nu mikeun sora-sora kitu ka
nomer-nomer urut luhur.

bener teu nya kuring...

duq
nu masih golsun, golongan sunda, nu mencrang nu sumirat nu BODAS. rido ka
beyana mah mangga kanggo keur nu sanes golsun heuheu..


On Mon, Mar 23, 2009 at 11:05 AM, mangjamal <mangja...@yahoo.com> wrote:

>
> pemilu 9 april hareup, model anyar. salian ti carana, baheula mah nyoblos
> ku paku, ayeuna mah dicontreng cenah.
>
> nu anyar deui, asana ayeuna mah dina milih partey teh, oge milih ngaran
> calegna boh dpr boh dpd. jadi meureun rada sugema ayeuna mah da puguh urang
> milih si A atawa si B, teu ngan ukur milih partey cara baheula.
>
> komo bari rada wanoh atawa wawuh. dina engkena sare keur sidang di senayan,
> urang meureun apal, saha-sahana, utamana nu ku urang dipilih.
>
> jadi kanu geus boga kokojo atawa kawawuhan caleg, nya milu pemilu. ulah
> nepi ka henteu. asa mubadir oge dana trilyunan nu dipake pikeun kikituan
> bari urang teu pipilueun.
>
>  
> ,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~
uaduq.co.cc

Kirim email ke