Punten, ieu mah sanes kanggo nanggapan atanapi ngawaler seratan ti kang
Maman Gantra. Mung ieu mah salah sahiji "karesep" kuring, lamun aya seratan
munel kawas nu ti kang Maman, nyaeta mulungan kecap-kecap tur babasan anu
pikeun kuring mah ’aheng’, ’anyar’, atanapi ’arang langka’ dipake.



Di handap ieu kuring nyutat kecap nu sakaterang, oge nanya kecap nu tacan
kawangwangan.



*babasan*

teu nyaho di temah wadi = ?

nyosok jero = ?

teu embol-embol deui = teu datang-datang deui



*kabeungharan kecap*

walagri = cageur

rahayu = sejahtera?

bumen-bumen = dumuk, cicing, (id: mendiami)

kumelendang =

carem = ?

pabetekan = ?

walurat = darurat?

ijigimbrang = ajrag-ajragan?

kalan-kalan = sakapeung

helok =

kateuteuari =

iinternetan = mindeng nginternet

mimilisan = mindeng ngamilis

remen = mindeng

tumanya <= /tanya/ + /um/   (kecap pagawean)

miboga <= kecap pagawean tina: /ng/ + /piboga/ <= /ng/ + /pi/ + /boga/

garumasep = ? (kedahna mah /karumasep/ <= /kasep/ + /um/)

meleg-meleg = ?

diongget-ongget = dieundeuk-eundeuk, dioyag-oyag

nengklokan = ?

tumamprak <= /tamprak/ + /um/ (kecap pagawean), muka dampal leungeun ka
luhur siga baramaen nu menta-menta.

manan .... mending .... = batan .... mending ... (basa wewengkon mana?)

bantet = ?

karuhan = tangtu

can karuhan = can tangtu

munasabah = ... ?

ngaberelekeun = ngabejer-beaskeun, ngeceskeun, ngajentrekeun (injeuman tina
sora embe ngaberele)

antukna = tungtungna, ahirna

sumarambah = /sarambah/ + /um/ ?

tumuwuh = /tuwuh/ + /um/ ? (atanapi tina bs Indonesia /tumbuh/ anu
disundakeun?)

tideresa = ?

ringrang = gedag, gimir, eundeuk?

malawading = liberal?


2009/3/23 Maman Gantra <mamangantra2...@yahoo.com>

>    Sunda?**
>
>
>

Kirim email ke