Abah Amin sent a message to the members of BANYOLAN  SUNDA.

--------------------
Subject: Sesebutan Waktu dina Sapoé Sapeuting

Wanci janari gedé => kira-kira tabuh 01.00 - 03.00 peuting.
Wanci janari leutik => kira-kira tabuh 03.30 - 04.30
Wanci balébat  =>  waktu   pajar  geus   udat-udat   (sinar panonpoé)  beulah 
wetan (± tabuh 04.30)
Wanci carangcang tihang => wanci liwat pajar, téténjoan remeng-remeng kénéh (± 
tabuh 04.30 - 05.00)
Wanci haneut moyan => waktu sedeng ngeunah dipaké moyan (± tabuh 07.00 - 08.30)
Wanci rumangsang => waktu panonpoé geus mimiti karasa panas (± tabuh 09.00)
Wanci pecat sawed => waktu munding anu dipaké magawe dilaan sawedna (± tabuh 
10.00)
Wanci manceran/lohor  => waktu panonpoé luhureun sirah, tengah poé (tabuh 12.00)
Wanci lingsir ngulon => waktu panonpoé geus mimiti gésér ka kulon (tabuh 13.00)
Wanci panonpoé satangtung => ± tabuh 15.00 waktu   
Wanci tunggang gunung => panonpoé  geus rék  surup, ayana dina luhureun gunung 
(± tabuh 16.00-17.00)
Wanci sariak layung => waktu layung (sinar panonpoe) di langit katénjo beureum. 
(± tabuh 17.00 - 18.00)
Wanci sareupna => geus mimiti reup poék (± tabuh 18.30)
Wanci sareureuh budak => waktu budak leutik geus mimiti carapéeun tas hareureuy 
jeung dulurna (± tabuh 20.00)
Wanci tengah peuting => ± tabuh 24.00
--------------------

Kirim email ke