Black Campaign
Sore keneh kuring geus ngagoledag dienggon, awak asa pasiksak sora ge peura 
balas gogorowokan diluheureun podium, padahal unggal nek indit  pamajikan sok 
mekelan cai asem saemuk meunang ngagulaan tapi tetep sora teh lir sora sinden 
nu tas manggung sapeuting jeput. Kitu deui awak asa rujad satulang sandi, 
padahal unggal poe sok rajin ngaloklok endog dicampur jeung madu odeng, tapi 
tetep teu ngaruh, nu puguh mah sirengge embungeun ngendog deui lantaran endogna 
dicokotan wae unggal poe. Ngan ari keur kampanyeu mah rasa kacape teh sok 
kabrangbrangkeun lantaran sok aya hiburan artis lokal anu disewa ti pusat, 
goyang, geol jeung gitekna mujarab pisan jeung ubar kacape mah.

"Kang bejana unggal kampanyeu, akang sok ngalakukeun blek kenpein?" sora 
pamajikan moncor tina sela sela simbut.
"Heueuh!" kuring nembalan
"Ngagogoreng partey batur nya?"
"Ah teu sing!"
"Ih pan nu disebut blek kempein mah nu samodel kitu lin?"
"Enya, tapi blek kempein di partey rudet hate mah tiap peserta kampanyeu wajib 
marake pakean sarwa hideung!"
"Paingan atuh lolobana nu marake kampret hideung, eta teh dibayar kitu kang?"
"Ah teu sing, kahayang sorangan we!"
"Pajar atuh sok dibayar saanu rebueun, itung itung gaganti ongkos jeung uang 
bengsin!"
"Nya meureun dibatur mah, tapi dipartey akang mah estuning kereteg tihatena 
kalayan tampa pamrih!"
"Euleuh, kiwari geuning aya keneh nya jalma model kitu!"
"Susah Ocih, lamun hati sudah berbicara mah!"

Saprak nyaleg, memeh sare, sok tuker pikiran heula jeung pamajikan. Timimiti 
taktik jeung strategi ancrub didunya pulitik nepikeun kamasalah kahirupan rumah 
tangga. Ceuk nu rahul, kawijakan saurang pajabat cenah sok dimimitian atawa 
dipangaruhan ku obrolan luhureun kasur model kieu. Tapi aya benerna sanajan 
kuring can jadi pajabat pangaruh omongan pamajikan teh sok aya karasana.

"Kang, ari akang geus siap eleh siap meunang?" sora pamajikan kadenge deui tina 
jero simbut.
"Puguh we, jadi pulitikus sajati mah kudu kitu!"
"Tah mun akang can siap, disisi lembur aya tower telepon seluler, kitu deui 
rumah sakit jiwa bojong kenyot kamarna geus ditambahan, legana nandingan nu di 
riau sawelas!"
"Ah moal kitu kitu teuing sugan, ngan mun sanggeus tanggal salapan akang ujug 
ujug nerekel naek ka tower, maneh nek kumaha pipetaeun, Ocih?"
"Ah gumantung sabab musababna, lamun akang nerekel naek lantaran stres gara 
gara euweuh nu milih, tangtu bakal disiapkeun tim penyelamat kalayan handapna 
bakal diamparan kasur kapuk sahunyudan!"
"Tapi mun akang nerekel naek gara gara menta nyandung teu digugu?"
"Ah antep we cena gogoakan diluhureun, hayang nyaho naha bener atawa ngan ukur 
goss wungkul!"
*syam ridwan*

Kirim email ke