Satuju pisan..abdi nganut palsapah ieu saney wae kumaha der na..ngabentuk
grup santey jeung kompak pangsiunan...gawe nyanyi seuri banyol..tapi teu
ngagosip..elmu masih diteangan tina maca..lalayaran di inetrnit..diskusi
milist..milist naon wae...lumayan kadang panyakit teu karasa..naha make kudu
rudet ? beuteung lapar cape naha teu seuri ? gaduh tantangga di andung
namina Mang kondi..pangsiunan PJKA..baheula ..ngala jambu batu..lauh tina
tangkal....bari nahan nyeri  masih we heureuy jaeung seuri..cenah..untung
tteu luhur teuing..jeung kan....t teu pegat...Tah eta urang Sunda !

On 4/1/09, Toto Widiarto <abah.t...@yahoo.com> wrote:
>
>   Aya kacapangan yen jelema nu gumbira, beuki seuri, resep heureuy, ahli
> gogonjokan mah tara gancang kolot. Malah ceuk sawareh mah seuri teh sasatna
> landong panjang yuswa, jadi mun hayang awet ngora, teu gancang huisan, kudu
> resep seuri....
>
> Ari urang sunda geus tibabaheula mula kawentar ahli nganggit pikaseurieun,
> jago banyol, tukang gogonjakan kulantaran eta kuduna mah Urang Sunda teh
> paranjang yuswa, arawet ngora henteu gancang huisan.....
>
> Tapi ceuk ki silah nu pesimistis mah....
>  " Ah...boro boro hayang seuri, kaayaan batan sakieu, waktu beak dipake
> nyiar kipayah nu teu mahi mahi ".....
> " Beuteung lapar mah moal bisa seuri..... lamun peujit teu murilit kakara
> bisa mikiran nu lianna..
>
> Padahal mun rek seuri mah seuri we ..... da teu nyambung jeung kaayaan.....
> atawa peujit murilit... hehehehehe.... seuri mah ngan saukur ngaleungitkeun
> karudet, ngarah hegarnya hete ..pan mun hegar hate mah barang siar ge
> lancarrrrrrrrrr.............
>
> Salam kanggo Ua Sas, MJ, MGT, Kang Waluya, baraya sadayanan......
> wass,
> abahto2
>
>
>
>
>  
>

Kirim email ke