heuheu..bah to, enya kitu. malah mun ngeunteung ka kabayan mah, hal sial nu tumiba ka diri sorangan teh, bahan pikeun pikaseurieun. aya kasadaran kana hirup sakapeung senang sakapeung ripuh oge kitu. cara kabayan manggih tanjakan, batur mah ngangluh, ngeluh, nanjak tea cape. kabayan ngadon seuri, sabab pikirna, geus beak tanjakan bakal manggih pudunan.
bisa dipatalikeun jeung katerangan dina qur'an, yen dina kasulitan aya kamudahan. komo deui make ieu, pangeran moal mere beban nu diluar kasanggupan manusa nandanganana. ngan prakna mah, loba jelema nu teu mampu alatan imanna ipis, jeung urat seurina teu nyetrum, meureun. tukang seuri mj http://geocities.com/mangjamal http://mangjamal.multiply.com Aya kacapangan yen jelema nu gumbira, beuki seuri, resep heureuy, ahli gogonjokan mah tara gancang kolot. Malah ceuk sawareh mah seuri teh sasatna landong panjang yuswa, jadi mun hayang awet ngora, teu gancang huisan, kudu resep seuri.... Ari urang sunda geus tibabaheula mula kawentar ahli nganggit pikaseurieun, jago banyol, tukang gogonjakan kulantaran eta kuduna mah Urang Sunda teh paranjang yuswa, arawet ngora henteu gancang huisan..... Tapi ceuk ki silah nu pesimistis mah.... " Ah...boro boro hayang seuri, kaayaan batan sakieu, waktu beak dipake nyiar kipayah nu teu mahi mahi "..... " Beuteung lapar mah moal bisa seuri..... lamun peujit teu murilit kakara bisa mikiran nu lianna.. Padahal mun rek seuri mah seuri we ..... da teu nyambung jeung kaayaan..... atawa peujit murilit... hehehehehe.... seuri mah ngan saukur ngaleungitkeun karudet, ngarah hegarnya hete ..pan mun hegar hate mah barang siar ge lancarrrrrrrrrr............. Salam kanggo Ua Sas, MJ, MGT, Kang Waluya, baraya sadayanan...... wass, abahto2