> H Surtiwa <surt...@...> wrote:
> ngepro jeung nontra keun poligami mah pasti moal patepung..kulataan
> madudengkeun ajaran /kayakinan...jeung analisa pragmatis kahirupan
> sosial....terus wae bakal aya pro jeung kontra...naha MUI rek 
> ngaluarkeun fatwa deui yen anu anti/teu resep poligami teh 
> kafir/islam teu baleg ?

Ari nu jelas mah nyandung teh teu pati ditarima ku masyarakat urang, pangpangna 
ku kaum Hawa. Aya artis, lamun teu salah mah Dewi Yull, nu nyebutkeun nyandung 
teu masalah. Ari pas salakina nyandung mah, tetep teu bisa narima, menta 
dipirak.

Poe saptu kamari kuring ka ondangan, papanggih jeung kawawuhan, kabeneran nu 
nyadiakeun katering resepsi teh indung tere (pamajikan nu ngora) ti almarhum 
bapana. Kawawuhan kuring teh reueus pisan, yen manehna bisa narima dulur-dulur 
sabapana. Tapi angger we kuring nempo kaanehan, indung terena  kacida 
mamandapanana ka kawawuhan teh. Mere dahareun khusus dibakian, bari 
popoyongkodan. Keur nu teu nyaho, bakal nyangka eta pembantuna atawa urut 
pembantuna tibatan indung terena!. Status salaku pamajikan nu ngora oge 
anak-anakna nu lahir umumna sahandapeun ti nu kolot, komo lamun nu nyandungna 
geus ngantunkeun.

Jadi? keur para wanoja, tong daek dicandung. Mungkin waktu si akang jumeneng 
keneh mah, teu pati masalah. Tapi umpama geus teu aya, tah mimiti mucunghul 
masalah ti warisan tepi ka perkara "sepele": status nu dianggap " salawasna 
handap" ku pihak tinu kolot.

Baktosna,
WALUYA





   
  
 

Kirim email ke