Mun nyaritakeun suling, aya dongeng di Hayawang daerah Kawali Ciamis, cenah 
sing saha anu bisa/kataekan, bisa ngala tamiang di gunung singa tuluy eta 
tamiang dijieun suling, niscaya suling eta lamun ditiup bakal ngareunah 
kadengena tur bakal dedenge'eun. Ngan cenah mah aya syarat-syaratna, teuing 
naon syaratna mangga we cukcruk ka daerah Hayawang.

Adab Niup Suling Keur Ngahudangkeun Pamajikan

1. Jieun Suling atawa meuli anu geus jadi
2. Pastikeun heula suling dijieun tina tamiang, kade ulah dijieun tina tulang 
Maung.
3. Monyongkeun biwir
4. Tarik nafas anu jero
5. tempelkeun tungtung suling kana ceuli pamajikan anu keur sare
6. Tiup sataker kebek
7. Hasilna pamajikan bakal hudang tuluy ngahaleuang

Perhatian : Adab Niup Suling Ieu, Teu Kenging Diconto



--- In urangsunda@yahoogroups.com, rusdi yunus <rusdi_yu...@...> wrote:
>
> punten kang arif pami niup suling tong nganggge topeng ciga bangbarongan 
> karunya anak batur sawan...-)
> 
>  wassalam:
> 
> 
> Rusdi Yunus
> Rakyat SUBANG gotong royong subang maju
> 

> 
> ________________________________
> From: arif ramdlan <riframadl...@...>
> To: urangsunda@yahoogroups.com
> Sent: Wednesday, April 15, 2009 13:19:58
> Subject: [Urang Sunda] nu mistik tina suling
> 
> 
> 
> 
> 
> salam
> 
> punten bade tataros, naha ari niup suling sunda sok nyeredet hate.
> kamari nyobaan diajar niup. bisa sa utak sa eutik. 
> ceuk pamajikan (anu lain dilahirkeun di sunda) bet nyeblak cenah dengar nya.
> 
> pas niup nu ka sakian kalinya, budak saya umur 5 bulan ngoceak, terus panas 
> neupi ka peuting. ninggali saya siga nu sieun. 
> 
> alhamdulillah Cageur, rada reureup panasna saanggeus di rukyah (dibacakuen al 
> baqoroh)
> 
> Nyungkeun bombolongan ti dulur di sunda..naha beut bisa kitu.
> 
> salam
>  
> 
>    
> 
> 
>       Get your new Email address!
> Grab the Email name you&#39;ve always wanted before someone else does!
> http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/
>


Kirim email ke