Dipanyabaan
Jatinegara kitu katelahna, ku letah urang sunda mah sok robah jadi jatinagara 
kitu deui mun nyebut bekasi sok robah jadi bakasih, diimplik implikan "h" 
deuih. Ti baheula wewengkon nu aya di timur jakarta ieu jadi tempat paporit 
pikeun nu nyaraba asal tatar pasundan mah. Saluyu jeung kabiasaan urang sunda 
anu sok ngadeudeukeut pibalikeun, nya tempat nu dijugjugna ge tara jauh jauh ti 
terminal. Samemeh pindah ka terminal kampung rambutan, jatinagara teh ngan 
sabararaha kilometer ti terminal beus cililitan.

Nu nyaraba kalebah dinya lolobana ngan ukur jualan keliling atawa boga kios 
samodel kakilima, ngan saeutik nu gawe dikantoran atawa instansi pamarentah 
mah. Unggal bulan,asal geus aya leuwihna ti ongkos sok gura giru balik 
kalembur, basana teh geus teu kuat, geus ngaburayot cenah! 

Di jatinagara aya hiji pasar nu kawentar ti jaman walanda keneh nyaeta pasar 
mester. Dipasar mester ieu loba urang sunda nu daragang, ngan nyakitu dina 
perekonomian mah, urang sunda mah sok jadi peran pembantu, kayaning jualan 
cikopi atawa nyieun dadasar diemper emper toko, ari peran utamana mah geus teu 
bireuk deui mun teu seler cina nya seler padang. Leuh kawas di sinetron wae nya!

Sebrangeun pasar mester aya pasar burung, ngajual rupa rupa manuk jeung 
sasatoan sejenna. Timimiti anak kuya nepikeun ka akina aya didinya, timimiti 
belut ceulian nepikeun ka marmot ulutud oge dijual didinya.Umumna dipasar, 
tangtu loba jalma nu balawiri, aya tukang cikopi seseleket nananggeuy baki, aya 
tukang lahang sibuk ngulang ngulang lodong nyicikeun lahangna kana gelas. 
Karuhan wae ibu ibu nu aya ditukangeun tukang lahang ngajerit lantaran basa 
tukang lahang ngulangkeun lodongna ngait kana erokna.

Kiwari, ngised saeutik ti pasar burung aya jembatan penyebrangan paragi lalar 
liwat ka pasar mester atawa ka halteu beus trans jakarta. Saprak lapak kakilima 
dihareupeun lapang oerip ditertibkeun, sawareh padagang nyalangkiruk dijembatan 
penyebrangan ieu. Keur mah heureut, katurug turug loba nu ngampar jualan 
didinya atuh tambah heurin wae. Kadang sok ngadadak macet lantaran sok dipake 
lalar liwat ku nu jualan anu ditaranggung kayaning tukang tahu gejrot, kueh 
cubit, bandros jeung tukang kueh rangi.

Lamun geus reup peuting wetaneun setatsiun jatinegara aya tempat hiburan pikeun 
urang sunda nyaeta tayub jeung jaipongan anu asalna ti karawang. Unggal peuting 
kacuali malem jumaah, lingkung seni "mekar munggaran" ieu siap ngahibur. Kadang 
sora kendang jeung kecrekna sok saru jeung sora kareta anu ngaliwat, kawantu 
panggungna gigireun pisan rel kareta api. Kunu hobi mah teu dipake jadi 
masalah, tetep jongjon sing rengkenek jeung sing garitek  nuturkeun wirahma 
kendang dibaturan ku ronggeng anu  caramerok lantaran mik-ap jeung wedakna 
karandel teuing. Lumayan ngarengkenek salagu ge, bisa ngalempengkeun urat 
cangkeng. Ngan cenah sok reuwas kareureuhnakeun lamun pas ningali eusi dompet, 
meunang teklak teklik usaha sapoe jeput, duit puluhan rebu ahirna pindah ka 
leungeun ronggeng. Ari teu nyawer teh cenah asa teu apdol.

Antukna lagu balik kalembur aya duit ngan saongkoseun, teu balik kumaha da 
cenah teu kuat geus menened pisan, jeung piraku nyaba geus sabulan ngan ukur 
talatah wungkul, "balik moal ngiriman moal". Ahirna meh aman make jurus 
sikabayan, balik kalembur pura-pura hareeng bari jeung nyebutkeun usaha teu 
ngalagu. Nurustunjung, dasar incu sikabayan, aya wae akalna teh.
*syam ridwan*
sunda wadul, sunda ngarahul

Kirim email ke