Muhun tah kang, dugi kaayeuna abdi ge hese ngaleungitkeun nambahan tungtung kecap ku "h", kaceplosan teu kaerem, saya janten sayah contono. Tadina abdi nyangki nyangka leres2 akang tukang rebab nyobi janten caleg, tapi ngaos seratan ieu ...... kabelejog ah ...... tapi ari akang tiasa ngarebab mah percanten ..... bumen2 keur ngeceng bujur batur .... pikabitaeun.
--- On Mon, 4/6/09, syam ridwan <pay...@yahoo.com.au> wrote: From: syam ridwan <pay...@yahoo.com.au> Subject: [Urang Sunda] Djatinagara To: urangsunda@yahoogroups.com Date: Monday, April 6, 2009, 9:48 PM Dipanyabaan Jatinegara kitu katelahna, ku letah urang sunda mah sok robah jadi jatinagara kitu deui mun nyebut bekasi sok robah jadi bakasih, diimplik implikan "h" deuih. Ti baheula wewengkon nu aya di timur jakarta ieu jadi tempat paporit pikeun nu nyaraba asal tatar pasundan mah. Saluyu jeung kabiasaan urang sunda anu sok ngadeudeukeut pibalikeun, nya tempat nu dijugjugna ge tara jauh jauh ti terminal. Samemeh pindah ka terminal kampung rambutan, jatinagara teh ngan sabararaha kilometer ti terminal beus cililitan. Nu nyaraba kalebah dinya lolobana ngan ukur jualan keliling atawa boga kios samodel kakilima, ngan saeutik nu gawe dikantoran atawa instansi pamarentah mah. Unggal bulan,asal geus aya leuwihna ti ongkos sok gura giru balik kalembur, basana teh geus teu kuat, geus ngaburayot cenah! Di jatinagara aya hiji pasar nu kawentar ti jaman walanda keneh nyaeta pasar mester. Dipasar mester ieu loba urang sunda nu daragang, ngan nyakitu dina perekonomian mah, urang sunda mah sok jadi peran pembantu, kayaning jualan cikopi atawa nyieun dadasar diemper emper toko, ari peran utamana mah geus teu bireuk deui mun teu seler cina nya seler padang. Leuh kawas di sinetron wae nya! Sebrangeun pasar mester aya pasar burung, ngajual rupa rupa manuk jeung sasatoan sejenna. Timimiti anak kuya nepikeun ka akina aya didinya, timimiti belut ceulian nepikeun ka marmot ulutud oge dijual didinya.Umumna dipasar, tangtu loba jalma nu balawiri, aya tukang cikopi seseleket nananggeuy baki, aya tukang lahang sibuk ngulang ngulang lodong nyicikeun lahangna kana gelas. Karuhan wae ibu ibu nu aya ditukangeun tukang lahang ngajerit lantaran basa tukang lahang ngulangkeun lodongna ngait kana erokna. Kiwari, ngised saeutik ti pasar burung aya jembatan penyebrangan paragi lalar liwat ka pasar mester atawa ka halteu beus trans jakarta. Saprak lapak kakilima dihareupeun lapang oerip ditertibkeun, sawareh padagang nyalangkiruk dijembatan penyebrangan ieu. Keur mah heureut, katurug turug loba nu ngampar jualan didinya atuh tambah heurin wae. Kadang sok ngadadak macet lantaran sok dipake lalar liwat ku nu jualan anu ditaranggung kayaning tukang tahu gejrot, kueh cubit, bandros jeung tukang kueh rangi. Lamun geus reup peuting wetaneun setatsiun jatinegara aya tempat hiburan pikeun urang sunda nyaeta tayub jeung jaipongan anu asalna ti karawang. Unggal peuting kacuali malem jumaah, lingkung seni "mekar munggaran" ieu siap ngahibur. Kadang sora kendang jeung kecrekna sok saru jeung sora kareta anu ngaliwat, kawantu panggungna gigireun pisan rel kareta api. Kunu hobi mah teu dipake jadi masalah, tetep jongjon sing rengkenek jeung sing garitek nuturkeun wirahma kendang dibaturan ku ronggeng anu caramerok lantaran mik-ap jeung wedakna karandel teuing. Lumayan ngarengkenek salagu ge, bisa ngalempengkeun urat cangkeng. Ngan cenah sok reuwas kareureuhnakeun lamun pas ningali eusi dompet, meunang teklak teklik usaha sapoe jeput, duit puluhan rebu ahirna pindah ka leungeun ronggeng. Ari teu nyawer teh cenah asa teu apdol. Antukna lagu balik kalembur aya duit ngan saongkoseun, teu balik kumaha da cenah teu kuat geus menened pisan, jeung piraku nyaba geus sabulan ngan ukur talatah wungkul, "balik moal ngiriman moal". Ahirna meh aman make jurus sikabayan, balik kalembur pura-pura hareeng bari jeung nyebutkeun usaha teu ngalagu. Nurustunjung, dasar incu sikabayan, aya wae akalna teh. *syam ridwan* sunda wadul, sunda ngarahul