Sami kang...
uing ge baheula mah tara ngorong teh..
ayeuna meni rajeun kan ngorong.

heu heu

-Jay-



--- In urangsunda@yahoogroups.com, "syam ridwan" <pay...@...> wrote:
>
> Baheula nu panghoream horeamna, lamun dititah ngarang ku guru, loba mikir, 
> tapi mun nek gutrut nulis sok ngojot, eta meureun ku teu biasa tea.
> 
> Rumasa diajar kutrat kotret nulis hususna nulis basa sunda, nya dimilis ieu,  
> modalna mah pede we, da dimilis mah teu kawas nulis dikoran atawa 
> dimajalah,rangkedut ge tetep dimuat, paling paling nu teu purun maca langsung 
> didilet.
> 
> Nepika kiwari diajar nulis teh angger we lelengkah halu, meureun ku loba 
> heureuy tea, heureuy forever.
> 
> Ieu mah jeung sakuringeun lamun nek nulis dimilis sok make tips kieu:
> 1.Biasana datangna ideu teh sok ngadadak, tah meh teu poho gancang catet ari 
> dicatet dina pikiran mah sok aya pohona, catet dina keretas atawa dina memo 
> hape.Catet jejerna wae, da mun inget jejerna sok langsung murudul dina memori 
> ingetan urang.  Matak dompet kuring mah sok medet ku catetan kitu, eh 
> lolobana mah catetan bon ketah.
> 
> 2. Biasana nulis teh gumantung ka den emood, keur bad emood mah nulis teh 
> tara baleg, komo keur bad emood dibarengan jeung lapar, katambah deuih tas 
> panggih jeung popotongan keur dikaleng batur he he....
> 
> 3.Kawantu basa sunda mah kaasup bahasa antik, jadi nempatkeun "é" "e" jeung 
> "eu" na ulah nepikeun ka salah kamar. Ari jeung sakuringeun mah samemeh 
> ditulis teh sok tes pokal heula, diceuleuweungkeun, atawa bisi nu gigireun 
> luncat bakating ku reuwas, cukup digerenengkeun atawa dijero hate bae.
> 
> 4.Samemeh dicemplungkeun ka milis, sok dibaca heula meunang tilu balikan mah, 
> bisi aya kecap atawa basa anu kurang entep seureuhna, pangpangna mah bisi aya 
> nu salah kamar tea. Geus yakin mah beledug we disend bari teu poho nenjrag 
> bumi heula tilu kali.
> 
> 5. Tips anu kalima, balik deui ka tips anu kahiji.
> 
> Sok ah geura der narulis, boa kahareup mah tulisan tulisan nu aya dimilis 
> ieu, jadi bahan forward-eun ka milis batur, teu cara ayeuna.
> 
> syam ridwan
> sunda ngawadul sunda ngarahul
> 
>   ----- Original Message ----- 
>   From: mangjamal 
>   To: urangsunda@yahoogroups.com 
>   Sent: Wednesday, April 22, 2009 12:09 PM
>   Subject: Re: [Urang Sunda] Nulis Jadi Hiji Kabiasaan
> 
> 
> 
> 
> 
>   mangga kasasaha, nyerat di dieu milis. nu gampil mah, lalakon hirup atawa 
> pangalaman. prung ah! unik karuh, ayana internet, utamana milis jeung blog, 
> kabiasaan nulis jadi kaasah. komo bari nulis make basa Sunda. 
>   . 
> 
>   
> 
> 
> ------------------------------------------------------------------------------
>


Kirim email ke