Hay Jay Ngorong waeeee .ih, Jijay! Abdi ge bade ngiring ngarang ngorong ah heheh.
Komoning jiga Kang Maman, MJ, Wa Sas, Kang Syam nu geus kahot kana nulis atawa baraya-baraya nu lian, karek sakalieun abus ka Majalah Mangle ge, kuring sok asa nyaan we jadi "penulis". Jadi wayahna we kudu ngamaklum mun kuring ngaisitrenkeun diri jadi penulis heheh. Bae ah, najan ngan saukur penulis leuleutikan ge kayaning na milis & blog. Mun MJ mah ngarang teh ngagambarkeun kaayaan make tulisan, beda deui jeung kuring mun diterapkeun di pakulian, pasti dicarekan da kudu saluyu jeung kahayang dunungan. Rada mahiwal, geus pasti ningali tarangna kerung, bari diomongan,"Tong ngarang!" Untungna teh pagawean teu kabeh kitu, aya ngarangna oge. Da mun dipikir-pikir mah hirup nu sabenerna teh lolobana mah ngarang... Masalahna mah kieu, kuring mah tibatan dititah ngabuciay bari jeung ngabudah, mending keneh dititah nulis. Ku nulis mah, nu salah bisa dibenerkeun, nu kurang bisa ditambahan, bisa dipikir dibulak balik heula, laju dibeuweung diutahkeun, ngan kade tong diletak deui. Matak loba jelema nu salah sangka mun ningali kuring nu sabenerna jiga nu kimong (beuki ngomong) tapi mun diajak ngomong bebelepbepan. Apal ka Faiz? Budakna Helvy Tiana Rossa ningan tah, eta mah bisa nulis teh alatan turunan ti indungna. Ari kuring? Bisa jadi ti kolot kuring, tapi mun ningali indung kuring da baroraah sok nulis, ngan ulukutek we ngurus pagawean rumah tangga. Teuing tah mun ti Bapa kuring tapi sarua, da tara kungsi nulis di koran, majalah, komo nyieun buku mah bararoraah. Jadi timana atuh? Nya geus tikudratna we sok garetek ese hayang nulis. Kuring mah nganuhunkeun pisan ka guru Bahasa Indonesia di SD (SMP-SMA mah teu pati loba ngarang), kujalan manehanana kuring ayeuna bisa saeutik-eutikeun nulis. Baheula mah, unggal usik ngarang unggal aya pelajaran kosong ngarang, can jeung PRna ngarang deui wae. Rek ujian, diwanti-wanti mun manggih soal ngarang, kudu nulis saloba-lobana bari jeung tulisanana kudu alus, lumayan keur nambahan peunteun soal nu lian. Tuntungnamah nya ngarang we ngaler ngidul Ceuk guru kuring, modal nulis teh ngan saukur maca. Hiji hil nu mustahal, mun tara atawa langka maca geus pasti mugen dina prakna. Kumaca salian nambahan elmu pangaweruh, urang bisa ningali gaya tulisan batur jeung loba kecap-kecap anyar nu bisa dipulungan. Sabenerna mah leuwih lancar keneh nulis make Bahasa Indonesia. Ku sabab "mangkarunyakeun" ka basa Sunda nu beuki lila beuki ngaleungit beakeun ku jaman, nya kuring balik deui ka basa indung. Nya, di Kusnet ieu kuring ngarasa cop kana hate, bisa nulis make basa Sunda "Sersan" alias Serius & santai. Jadi teu serius teuing, nu ngabalukarkeun matak lieur kana uteuk. Keur mah lieur ku pagawean, kudu lieur deui mikiran milis. Santai, ngabodor tapi teu kamalinaan teuing. Nu dipikaresep, rada ngarti kana pasualanana, engklokan. Nu teu ngarti & matak jangar, rupus. Cag!loba teuing mah sing olabs...hihiw... Hayu ah tos sonten ro2. --- In urangsunda@yahoogroups.com, "Jay" <jay_tukangkom...@...> wrote: > > Sami kang... > uing ge baheula mah tara ngorong teh.. > ayeuna meni rajeun kan ngorong. > > heu heu > > -Jay-