Simkuring urang Majalengka teu satuju lamun majalengka jeung Kuningan misah ti 
Jawa Barat.


________________________________
Dari: mangjamal <mangja...@yahoo.com>
Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
Terkirim: Senin, 27 April, 2009 15:07:59
Topik: Re: [Urang Sunda] cing saha wae nu satuju jeung teu satuju Pamekaran 
provinsi Cirebon






haha...naha ente meuni galak kitu? naon otoritas ente? sanajan ngan ukur 
tulisan, nya atuh teu kudu kitu. ngaracun mah maehan. eta mah kriminal. biasa 
we, gus.. da urang mah ngan ukur aku-akuan. boga sunda,sunda naona? haha. ngan 
ukur warisan budaya, bari teu apal kabeh, basa, bari geus jarang. kavling atawa 
taneuh di tatar sunda, si kuring ngan boga 240m2. imahna KPR 20 taun. di lembur 
aya tanah warisan nini ka bibi, nu dibeli dicicil, ayeuna digadekeun ka adi 
pikeun neruskeun imah di cihideung. 

kuduna mah, salaku nu resep jeung gaya susundaan, kudu boga tanah teh hektaran, 
sukur mun boga gunung.. tah, ka sakur US nu boga duit, beuli tanah 
salega-legana di tatar sunda. mun bisa ulang ngajual tanah, dina ngajualna kudu 
ka dulur deui. Bandung Spirit kungsi boga program rek kampanye ka lembur-lembur 
ngaliwatan RT/RW, gerakan tong ngajual tanah. sabab bukti fisik ngan eta. 
Cariosan abah Surya kapungkur matak nalangsa. Tatar Sunda teh ngan kari 
dongengna, sabab nu baroga sertifikat mah geus bangsa/seler batur. enya, geus 
nasib tatar sunda aya di sabudeureun jakarta. beak ku baturs. 

baheula teh Ika nga sms, cenah urang Pangandaran hayang misah ti Ciamis, hayang 
nyieun kabupaten sorangan. di jawab, mangga nu penting urang Pangandaran makmur 
raharja. atuh dina henteunya, nya sabodo teuing. karep saha. aya babasan 
pamarentah mah ngan purah nyieun jalan wungkul.

--- In urangsu...@yahoogro ups.com, Urang Sunda Hudang Euyyy <azzo...@... > 
wrote:
>
> satuju kang.. ah eta oge kang ukur 1000 jelema lain kabeh
> referendum we lah... mun loba keneh nu urang cirebon jeung indramayu nu
> hayang tetap jawa barat/pasundan
> nya nu 1000 urang talapung ka kaluar ti jawa barat
> atawa urang arak keliling kota kota kabupaten
> satuju teu...
> geus ateul hayang maurkeun racun ka wahangan cimanuk....
> 
> 


   


      
___________________________________________________________________________
Yahoo! sekarang memiliki alamat Email baru.
Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan di domain baru @ymail dan @rocketmail. 
Cepat sebelum diambil orang lain!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

Kirim email ke