"HIRUP KATUNGKUL KU UPAH, PAEH TEU NYAHO DIWAYAH" Kitu ceuk paribasa kolot sunda baheula, anu hartina kirang langkung kieu : jalma hirup gumelar di alam dunya geus takdirna tidituna kudu nyiar kipayah keur kahirupan, anu jadi raja, sodagar, ajengan, jst, malah aya slogan ceuk urang kulon mah Time Is Money cenah, jalma hirup di alam dunya salain ti kudu nyiar kipayah, oge manusa teh mahluk sosial anu ngabutuhkeun bantuan ti nu sejen, tah dasar pasipatan munusa sok teu dibedakeun pagawean keur nyiar kipayah jeung sosial, loba anu sakuduna pagawean sosial jadi lain sosial, contona jalma daek tutulung ka batur jalaran hayang beunang kauntungan pribadi boh materil jeung non materil, materil puguh duit harta, jst, non materil hayang dipuji ku batur, malihan sok aya kecap kieu jalaran dibantuan ku aing sia bisa sukses siga kieu, aya oge anu radikal siga kieu sia mah bisa hirup jalaran dtulungan ku aing mun euweuh aing mah sia moal bisa hirup, aya jalma daek nyumbang ka masigit kudu diumumkeun ngarah kasebut dermawan, aya jalma nyumbang budak yatim ngarah sohor, malihan teu saeutik oge jalma daek ibadah shalat, puasa lantaran keur aya masalah, beres masalah poho deui, boa boa oge lamun ku kanjeng Nabi teu dibejaan pahala ibadah teh bisa asup ka sawarga moal aya jalma anu daek ibadah, jadi UPAH didieu lain mangrupi harta, duit bae, kaasup oge pujian ti batur, oge harepan beunangkeun kahayang, padahal anu ngaranna "PAEH MAH TEU DIWAYAH", rek kolot budak, isuk beurang, bisa bae kajadian