> irpan rispandi <mr.rispa...@...> 
> Ari aleg nu ieu, bisa naon keur rahayat, coba kuring nanya?

Hehehehe .... dilantik oge acan Kang Irpan, kumaha rek nganileyna. Nu kaduana 
si Eko Patrio teh lain wakil ti Dapil-dapil di Jawa Barat, tapi lamun teu salah 
mah ti salah sahiji dapil ti provinsi Jawa Timur.

Perkara pagawaean sambilan? Tah didieu teu adilna alias teu egaliterna naha si 
Eko wungkul nu dimasalahkeun, padahal aya oge anggota DPR nu boga pagawean 
sambilan, contona pangusaha atawa paling henteu jadi dewan komisaris pausahaan 
jeung pemilik saham jrrd.

Ieu mah ceuk kuring, urang kudu ngabiasakeun kana hal-hal nu dianggap "aneh" 
ieu sabab jaman geus robah. Eko Patrio hayang jadi caleg, eta hakna. Kitu deui 
nu milihna, eta oge hakna. Mana dipilih oge meureun nu milihna yakin si Eko 
pibenereun. Kunaon urang ngamasalahkeun nganggap si Eko "males" padahal acan 
prak digawe jeung kunaon urang nganggap "bodo" kanu milihna?

Baktosna,
WALUYA




  

Kirim email ke