Rampes, Bah Engkus, hatur nuhun kana pedaranana.
Kulantaran panjang, kedah rada nyalse yeuh macama.

nuhun
mh

2009/5/27 engkus ruswana <engkusrusw...@yahoo.com>:
>
>
> Sampurasun, Mang Hasan, kang Eminx, oge ka kidulur sasunda, mangga
> nyanggakeun
>
> Konsep Papat Kalima Pancer
>
> (Engkus Ruswana)
>
>
>
> Dina tulisan nu tiheula, pernah simkuring medar yen ti jaman baheula keneh
> dimana pangeusi nusantara masih saeutik, sedengkeun kabutuhan hirup masih
> keneh saderhana, ukur keur dahar, nginum, pake, bumen-bumen jeung laki-rabi,
> sedengkeun keur kabutuhan hirup alam nu subur makmur geus nyadiakeun sakitu
> ngalimpahna teu kudu ngoyo pikeun bisa bertahan hirup (survive), jadi tangtu
> loba waktu pikeun ngaji diri ditambah deui kaayaan alam nu sakitu beunghar
> tur bhineka pikeun bahan pelajaran, tah tangtu sacara alami nu ngaran manusa
> bakal neangan jati dirina, timana asal dirina, naon tugas hirupna, kumaha
> hubungan jeung mahluk lianna,  jeung bakal kamana mun geus beak lalakon di
> dunya. Tah tina nalungtik diri eta (mungkin bae ditambah ku ayana katerangan
> ti Nu Maha Uninga, naha mangrupa ilham/tuduh/wangsit atawa wahyu) timbul
> istilah “NYUNGSI DIRI NYUAY BADAN, ANGILO PAESAN TUNGGAL” nu harti tina
> kecapna “ngulik atawa neangan katerang diri, nyuaykeun badan, maca ku hate
> tetengger (ciri kuburan) nu tunggal”.
>
> Hasil panalungtikan jeung ngaji diri, dikanyahokeun yen sacara garis wadagna
> dina diri manusa teh aya nu disebut kuring, jeung kurung.
>
> Kurung/waruga (timana asalna kurung -konsep dulur papat)
>
> Tina panalungtikan diri, yen manusa ti barang gubrag ka dunya sapanjang
> hirupna sok ngahanju (napas) nu asal ti angin (udara), sok barang dahar nu
> asal ti bumi, sok nginum nu asal tina cai, oge make seuneu (masak jeung
> butuh kahaneutan) nu sumberna ti Panonpoe. Eta opat unsur teh dilenyepan aya
> nu abus jeung aya nu kaluar diri, tangtu aya nu nyalangkrung gumulung
> ngawujud jadi kurung/waruga jeung pibakaleun waruga (mani & manikem) da
> geuning nu kasaksi ti mimiti orok beureum terus ngagedean ngajadi jalma
> dewasa, pon itu deui nu dina kandungan nu asal satitik gumulung jeung
> satitik di jero guha garba indung ngajadi janin nu oge terus ngagedean dugi
> ka gubragna kadunya. Tah terus bae dicindekkeun yen diri/waruga teh asal
> tina acining/saripati  seuneu, angin, cai jeung bumi. Hal ieu nu
> ngalahirkeun konsep universal KAMA-NUSAAN (kama = diri atawa bakal diri,
> nusa = lemah-cai kaabus udara jeung panas/seuneu nu kapibanda), oge
> ngalahirkeun konsep yen diri teh dipapandekeun jadi DUNYA LEUTIK (sabab asal
> tina saripati dunya nu dina legenda dilarapkeun kana sosok Dayang Sumbi),
> sedengkeun alam raya disebut DUNYA GEDE.
>
> Eta opat unsur alam teh hirup jeung ngahirupan, nya disimbulkeun dina warna
> “beureum (seuneu) - koneng (angin) – bodas (cai) jeung hideung (bumi)”. Tah
> wujud diri ieu mangrupakeun alat/tutumpakan kuring pikeun ngalalakon di
> dunya, nya ku luluhur urang sok disimbulkeun gamelan nu dijieun tina
> parunggu nu mirig sang kuring dina ngalalakon di dunya jadi wayang. Tah
> bukti kalinuhungan luluhur, gamelan nu asli mah dijieunna tina parunggu nu
> mangrupakeun campuran logam tina tambaga (beureum=seuneu), kuningan (kadang
> keur gamelan karaton mah sok campur emas, nya koneng = angin), perak
> (bodas=cai), jeung beusi (hideung = bumi).....Mun diaji deui ieu palsapah
> gamelan...beu matak beuki reueus kami teh kana kalinuhungan karuhun. ...tah
> ceuk saha luluhur urang primitip?...
>
> Kajembaran jeung kalinuhungan karuhun urang geus nepi kana pamahaman yen ieu
> alam raya (dunya jeung pangusina) kapurba ku Gusti Nu Maha Kawasa. Gusti teh
> Maha Hirup, jadi sagala rupa nu kapurba ku Gusti oge mibanda hirup. Jadi
> dina pamahaman kenyaho luluhur, yen seuneu, angin, cai, bumi, tatangkalan,
> sasatoan, jeung naon bae nu kapurba ku Gusti tangtu ngabogaan hirup, ngan
> cara hirupna nu beda, dina istilah Sunda sok dikelompokeun kana golongan :
> Hirup Cicing – Hirup Nyaring – Hirup Eling. Ditingali dina sipatna
> dikanyahokeun oge aya dua golongan, nyaeta hirup nu make wujud kasar
> (katingali), jeung hirup nu teu make wujud kasar (teu katingali)
>
> Tah ku pamahaman yen sagala nu kumelip di alam dunya ngabogaan hirup, terus
> ngalahirkeun etika jeung tata titi “mipit kudu amit-ngala kudu bebeja”, nu
> intina ngahargaan sasama hirup, nu terus dilarapkeun dina tradisi atawa tata
> cara adat, contona dina tata-cara tatanen (ti mimiti rek ngagarap lahan tug
> nepi ka ngamumule hasil panen), tata-cara dina kahirupan “nelayan”
> (pamayang?), tata-cara ngawangun (imah/kampung, jalan, bangunan umum, jsb),
> ngokolakeun leuweung, ulu-ala tatangkalan/batu jeung hasil alam lianna.
>
> Kitu deui mun urang ngimeutan dina rumpaka pantun-pantun dina raraga
> ngalaksanakeun adat tradisi teh, mangkeluk nu teu katingali oge sok disambat
> kalayan diperenahkeun, tara sugan disieuh-sieuh, diusir, digusur komo deui
> diasupkeun kana botol (he...he... da teu boga wujud), estuning sarua
> dihargaan...naon kitu rugina ngahargaan sasama hirup, nu oge tunggal ayana
> teh ku Kersaning Gusti.
>
> Tah kajembaran jeung kaluhuran budi daya karuhun nu geus ngawariskeun adat
> tradisi samodel kieu, nu teu ngarti mah sok nyarebutkeun
> “animisme-dinamisme”, malah ceuk nu poekeun pisan mah (teu nyaho pisan
> naon-naon – au ah gelap) nyebutna teh leuwih tandes deui ku istilah
> “sesat”.(... padahal nu sok sesat mah, nyaeta nu era tatanya, alias.malu
> bertanya sesat di jalan, besar....... susah berjalan...nya di jalan naon
> bae....he..he...punten).
>
> Kuring (pancer)
>
> Wujud atawa kurung nu asal ti dulur papat, naha bakal aya ajen mun teu
> diancikan ku “kuring”, tangtu moal aya ajenna sok sanajan geulis atawa kasep
> kabina-bina, tetep bae kudu gancang diruang, jadi pangajina teh ku aya
> kuringNa, pon kitu deui wujud jeung pangawasana estuning tumut, moal baha
> kana parentah nu ngacikna (kuring). Dititah leumpang nya leumpang...dititah
> cicing, nya cicing...dibawa ka jalan hade, nya migawe kahadean, dibawa jalan
> goreng nya migawe kagorengan. Jadi kumaha kuring nu jadi pancerna.
>
> Ti mana atuh asalna Sang Kuring?
>
> Gumelarna sang kuring ka dunya lain kahayang indung-bapa, jeung lain
> kahayang kuring sorangan, da mun dilenyepan teu pernah kuring hayang
> dilahirkeun jadi urang Sunda, teu pernah kuring menta dilahirkeun ngaliwatan
> cukang lantaran indung-bapa nu nyatana ayeuna jadi indung nu ngadung jeung
> bapa nu ngayuga kuring, saha atuh nu ngutus  kuring ka dunya, dan
> indung-bapa mah ngan sakadar hayang boga budak/turunan, teu sugan menta
> model kuring ieu, nu jadi anakna. Tah....tangtu Gusti Nu Maha Suci nu ngutus
> jeung ngersakeun kuring (sakuringna-sakuringna) gumelar kadunya. Jadi teu
> salah bawirasa kuring mun ngarasa jadi utusan Gusti. Sabab mun lain Gusti nu
> ngutus kuring ka dunya....saha atuh?.
>
> Kulantaran “kuring” asal ti Gusti Nu Maha Suci atuh tangtu mibanda
> sifat-sifat nu ka-Gusti-an nu ka-Maha Suci-an. Naha geuning dina diri
> (pikiran) teh sok aya sipat-sipat goreng, maenya asal ti Gusti kitu?.....
> Tah dina perkara ieu, kateranganana teu gampang, perlu dilenyepan atawa
> sungsian nu jero, sabab dina diri teh aya nu disebut kuring jeung nu disebut
> ingsun (keun pedaran ieu mah teundeun di handeuleum sieum, sampeureun
> kapayun). Tapi pikeun nganyahokeun ayana Kuring nu asal ti Gusti mah, sok
> geura lenyepan contona : dimana urang bohong...geuning dina jero sok aya nu
> ngadakwa...”hey maneh bohong”, dimana urang geus ngalakonan salah, sok aya
> “rasa kaduhung manghanjakalkeun”, dimana urang boga pikiran salah, geuning
> sok aya nu ngelingan ...“montong kitu siah..eta teh salah....”, jeung
> sajabana. Tah nu kitu nu disebut “kuring”, sedengkeun eta nu loba kahayang,
> resep ka awewe/lalaki, nu sok boga pikiran salah, hawek, culas jsb,. Nya Eta
> nu disebut Ingsun nu asal tina kajadian anyar nu ngawujud ku ayana lahir
> (waruga) jeung batin (waraga), nu kudu tanggungjawab boh di dunya, oge
> sanggeus beak ngalalakon di dunya.
>
> Ingsun boga sipat positip jeung negatip, pangaruh tina napsu-napsu duniawi,
> nu asal tina acining seuneu-angin-cai-bumi (mun ceuk ahli tasawuf mah
> meureun eta nu disebut napsu-napsu amarah-sawiyah-loamah-mutmainah tea).
> Ingsun boga tugas pikeun ngadalikeun (ngokolakeun) hawa napsu luyu jeung
> tugas manusa di dunya, sangkan dunya jeung pangeusina rahayu salamet, ieu nu
> dina Naskah Sewaka Darma numutkeun pamahan kami nu disebut Sanghiyang Atma
> tea, nu boga kawajiban “tuhu di saur guru”.
>
> Jadi nyata diri teh kaancikan kuring nu asal ti Gusti, atuh diri teh
> ka-Gusti-an, atawa ka-Hiyang-an, jadi diri teh kahiyangan (tempat sagala
> kanikmatan => tempat sagala ngeunah teh aya dina diri). Tah pamahaman ieu
> ceuk pamaham kami nu ngalahirkeun konsep KA-TUHAN-AN NU MAHA ESA, sabab
> sagala nu kumelip di dunya ieu oge nu teu make wujud kabeh Katuhanan, tah
> mun rasa-rumasa Katuhanan, atuh geura prak migawe kasucian, da Gusti/Tuhan
> mah nyata Maha SuciNa.
>
> Papat Kalima Pancer
>
> Panalungtikan luluhur, ngeunaan asal-usul (sajarah) diri nu ngahasilkeun
> konsep papat kalima pancer nu oge dikaitkeun kana sistim kosmos (arah mata
> angin), nyata dipedar dina naskah “sewaka darma”, nu digambarkeun :
>
> ¨      Ti timur Batara Isora, kahyangan pirak putih, tihangan pirak diukir,
> bahana pirak sagala ........jst (dina pawayangan Batara Isora teh
> pangawasa/Dewa Cai dilambangkeun kulitna bodas).
>
> ¨      Ti kaler Batara Wisnu, kahyangan miru hireng, tihangan beusi diukir,
> bahanna beusi sagala.....jst (Batara Wisnu teh pangawasa/Dewa
> Bumi,digambarkeun kulitna hideung)
>
> ¨      Ti kulon Batara Mahadewa, kahyangan miru kuning, tihangna demas
> diukir, bahanna domas sagala ......jst (Batara Mahadewa teh pangawasa/Dewa
> Angin, nu digambarkeun kulitna koneng),
>
> ¨      Ti kidul Batara Bra(h)ma, kahyangan warna mirah, tihangna tambaga
> diukir, bahanna tambaga sagala ......jst (Batara Brahma boga tugas jadi
> pangawasa seuneu/Dewa Api, boga kulit beureum)
>
> Saha pancerna?...., nya disebutkeun:
>
> ¨      Di tengah Batara Siwah, kahyangan b(a)ranang siyang, tihangna malela
> diukir, bahanna warna sagala...jst  (Batara Siwah/Siwa teh pangawasa
> Mayapada/ kahyangan nu disebut Swargamaniloka, oge nangtukeun aturan di
> dunya, warna kulitna campuran).
>
> Tah tempatna batara Siwah (kuring) mah nu jadi pancer kahyangan baranang
> siang (terang benderang) nu hartina tempatna nganyahokeun, tempatna ngelmu,
> sabab jadi pancerna dunya (jagat alit), malah jagat gede ge bisa diaji jeung
> disungsi ku ieu batara, jeung bisa jadi pancerna jagat gede.
>
>
>
> Tah...ke..ke..ke .cag heula aah reuereuh heula, bari kami rek tumanya ka
> dulur-dulur, naha teu reueus teu ajrih, teu hayang ngamumule kana ieu
> kajembaran jeung kalinuhungan luluhur Sunda?,......naha rek tetep leuwih
> reueus jeung ajrih ka luluhur batur ?? baeu dulur sing inget kana
> purwadaksina (purwa = wiwitan/asal; daksina = wekasan/pangbalikan), geura
> nincak dina wirahmana, maenya ari wujud Arjuna ari igel si Cepot. Saur sang
> Maha Pandita:.”kade anaking sanghyang buyut, turutan sanghyang atma katuhu
> di saur guru laksana di pamagahan sata”.
>
>
>
> Mangga urang teraskeun,
>
> Panalungtikan luluhur dina papat kalima pancer, geuning kasaksi nyatana
> bangsa-bangsa nu gumelar di dunya teh dibagi kana kelompok bangsa kulit
> beureum (Indian), bangsa kulit koneng (Indochina), bangsa kulit bodas
> (Eropah), bangsa kulit hideung (Afrika), sedengkeun bangsa Nusantara (Asia
> Tenggara) kaabus bangsa kulit sawo matang nu ngandung warna
> beureum-koneng-bodas-hideung (warna nu jadi ciri Batara Siwah). Jadi moal
> kitu memang bangsa Asia Tenggara (Sundaland) teh, dikersakeun ku Nu Kawasa
> jadi pancerna bangsa-bangsa di dunia? (lenyepaneun), lamun tea mah memang
> Benua Atlantis yang nu leungit, nu pernah jadi pancer dunya rebuan taun
> kaliwat bener, jeung diramalkeun jadi pancerna dunya pikahareupeun.....Nya
> bisa oge ieu teh memang jadi Rahmat ti Nu Maha Kawasa.
>
> Geura urang imeutan faktor lianna, punten ka kang Oman ngeunaan faktor
> geologis jsb, nyuhunkeun komentarna :
>
> ¨      Dina kelompok bangsa nurutkeun warna kulit sadunya, palsapahna bisa
> ditarima mun bangsa Nusantara jadi pancerna bangsa, pon kitu deui suku-suku
> bangsa nu aya di Nusantara sakitu euyeubna, bisa disebut puseurna/pancerna
> kaBhinekaan.
>
> ¨      Dina posisi geografis, nyata yen Nusantara aya diantara dua benua
> Asia jeung Australisa, jeung diantara dua lautan Indonesia/Hindia jeung
> Lautan Teduh, oge tiasa oge Lautan Atlantis (pancerna dunya/bumi?).
>
> ¨      Dina sisi geologis Nusantara aya diposisi pergeseran kerak bumi dari
> ti kidul ka kaler & jeung ti kulon ka wetan. (pancerna bumi?)
>
> ¨      Dina posisi astronomis, wilayah Nusantara aya di garis edar
> pergerakan panonpoe, nu ngabagi dunya jadi wewengkon Lintang Utara jeung
> Lintang Selatan (aya ditengah = puseur/pancer dunya & pancer edarna
> panonpoe),
>
> ¨      Wewengkon nusantara beunghar ku Gunung Api (pancerna seuneu?)
>
> ¨      Kaayaan oceanografis, aya ditempat puseuran/arus laut ti kidul ka
> kaler, jeung ti kaler ka kidul, hiji waktu dina transisi, nya ngubek jadi
> pamuseuran pertemuan arus ti kidul jeung ti kaler, mungkin bae arus ti wetan
> jeung ti kulon, da panon poe gerak ti wetan ka kulon, nu pasti mawa pangaruh
> arus laut ti kulon jeung ti wetan (meunang mun disebut pancerna cai). Ku
> ayana arus laut ieu ngajadikeun lautan di Nusantara subur ku plankton, nya
> jadi puseurna kahirupan mahluk laut atawa pusat kahirupan perikanan.
>
> ¨      Iklimna nu cocog jeung iklim dingin aya, nu cocog jeung iklim panas
> aya, estuning kaayaan iklim di sadunya kawakilan di Nusantara, matak sagala
> rupa tatangkalan/pepelakan bisa hirup di Nusantara, oge sagala rupa bahan
> tambang nu dibutuhkeun ku masarakat dunya, aya di Nusantara (Pancer dunya?).
>
> ¨      Ku posisi geografis jeung astronomis, ngajadikeun wilayah Nusantara
> jadi tempat pertemuan/puseuran angin (pancerna angin?).
>
> Tah ku kaayaan alam jeung nu ngeusina di wewengkon Nusantara (bangsa kulit
> sawo matang), bawirasa kuring mah asa pas mun boga posisi jadi pancer teh.
> Pantes mun idiologi bangsa dipake Pancasila (lain nagara agama, oge lain
> nagara sekuler),  sistim kanagaraanna lain liberal-lain konservatif.
>
> Dulur urang di Kanekes nu ngajaga jeung nganggap karamat kabuyutan Sasaka
> Domas di wewengkon Kanekes, boga kayakinan yen eta kabuyutan teh
> mangrupakeun puseurna dunya. Tah tinggal urangna naha bisa ngadayagunakeun
> ieu Rahmat Gusti teh?
>
>
>
> Nusantara Pancerna Dunya? Prak atuh geura pigawe.
>
>
>
> Cag, pun tabe nun,
>
> Rampes.
>
> --- Pada Ming, 24/5/09, mh <khs...@gmail.com> menulis:
>
> Dari: mh <khs...@gmail.com>
> Topik: Re: Bls: [kisunda] Belajar sampai ke Negri Cina
> Kepada: kisu...@yahoogroups.com
> Tanggal: Minggu, 24 Mei, 2009, 5:56 PM
>
> Cing Kang Engkus, rada dipedar tah perkara asal-usul manusa numutkeun
> konsep papat-kalima pancer teh, kumaha tah?
> Da geuning eta konsep teh aya oge dina hazanah budaya baraya ti Jawa,
> asana mah 'sedulur papat-kalima pancer".
> (mh)
>
> 2009/5/24 engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com>:
>>
>>
>> Sampurasun.
>>
>> Kang Abas, haturan kang..
>>
>> Tah kang, pami di ajaran Sunda mah asal usul manusa teh, nyaeta nu dikenal
>> nganggo istilah papat-kalima pancer tea. Memang aya pabentenan sareng nu
>> saur akang tea mah aya dina Al Qur'an, namung teu sawios nya kang dan
>> pabedaan teh kersaning Nu Maha Kawasa, manawi ku luluhur urang mah nu
>> wijak
>> geuning papagon hirup kumbuh di dunya teh nya nganggo dadasar "Bhinneka
>> Tunggal Ika, Tan Hana Dharma Mangrwa" nu hartosna "warna-warni tunggal
>> eta,
>> teu aya bener nu midua", duka nu mana nu benerna, anging Gusti Nu Maha
>> Suci
>> nu Maha Uninga.
>>
>> Cag, Rampes
>> Tabe pun.
>>
>> Engkus
>>
>> --- Pada Sab, 23/5/09, Abbas Amin <abas_amin08@ yahoo.com> menulis:
>>
>> Dari: Abbas Amin <abas_amin08@ yahoo.com>
>> Topik: [kisunda] Belajar sampai ke Negri Cina
>> Kepada: "proletar" <prole...@yahoogroup s.com>, "radioliner"
>> <radioli...@yahoogro ups.com>
>> Cc: "kisunda" <kisu...@yahoogroups .com>
>> Tanggal: Sabtu, 23 Mei, 2009, 5:36 AM
>>
>> Bismillahirrahmanni rrahiim,
>>
>> Nabi Besar Muhammad Saw pernah bersabda, Carilah Ilmu sampaipun
>> ke Negri China.
>> Maksudnya tentu jangan berhenti mencari Ilmu, siapa tahu nanti kita akan
>> dapat petunjuk.
>>
>> Saya sudah membaca tulisan Sutherland, dan dari situ saya meyakini bahwa
>> memang manusia berasal dari tanah/bumi/earth; hanya saja orang Islam tak
>> ada
>> yang mengerti proses terjadinya.
>> Rupanya begitulah proses terciptanya . Menurut Sutherland dari
>> "self replicating molekules"  yang ada di Bumi. Dan semua itu tentu
>> memerlukan proses ------->>>> apapun prosesnya, berapa lamanya, ataukah
>> secara evolusi dlsb. pokoknya akhirnya terjadilah manusia. Jadi sumber
>> asal
>> manusia memang dari tanah.
>>
>> Dan........ "self replicating molekules" itu diciptakan Tuhan untuk
>> berproses di
>> bumi, seperti juga Tuhan menciptakan "kabut berpilin" yang akhirnya jadi
>> Alam
>> Semesta. Tuhan memprogram dan mengontrolnya sampai terjadi kehidupan.
>>
>> Itulah sebabnya dalam Al Qur_an suka disebut sebut, bagi manusia yang mau
>> berpikir dan memikirkannya. Jadi Tuhan memproses "replicating molekules"
>> itulah
>> yang akhirnya bisa berproses sendiri, dan Tuhanlah memfasilitasiNya. Yang
>> akhirnya menimbulkan kehidupan di Planet Bumi ini.
>> Kita harus yakin akan kebenaran Al Qur_an dengan dikaitkannya dengan
>> tulisan
>> Sutherland itu, maka kita akan lebih yakin akan Qur_an dan Tuhan.
>>
>> Terimakasih saya haturkan pada Uda Jusfiq yang telah bercape lelah
>> menyodorkan
>> tulisan tersebut pada saya , sehingga makin menguatkan keimanan saya.
>> Alhamdulillah.
>>
>>
>>
>> ____________ _________ _________ __
>> Akses email lebih cepat.
>> Yahoo! menyarankan Anda meng-upgrade browser ke Internet Explorer 8 baru
>> yang dioptimalkan untuk Yahoo! Dapatkan di sini! (Gratis)
>>
>
> ________________________________
> Lebih bersih, Lebih baik, Lebih cepat - Yahoo! Mail: Kini tanpa iklan.
> Rasakan bedanya!
>
> 

Kirim email ke