1. Kang Man panginten tokoh mah diwatesan ka jalma nu boga prestasi tur geus bisa jadi pieunteungeun batur, bisa jadi conto tatapakanana. Kumargi kitu widangna lega pisan pami tiasa disebat mah dina sagala widang. 2. Tah ngeunaan pangaruhna eta tangtos tiasa di ukur naha numutkeun widangna, wilayah/geografis jste. 3. Pami ngeunaan usia memang sok jadi basoka dibetot ditiup2 kumaha karep, tapi pami ceuk sim kuring mah ngora mah maksimal hulu 30an, pami tos 40 taun mah tos kolot, 50 kaditu mah kolot pisan, 60 kaditu kolot pisan pisan, 70 kaditu kolot pisan-pisan-pisan -:) 4. Hal nu penting nu kedah dicekel mah konsistensina kumargi tokoh mah pakait sareng pieunteungeun tea, tauladan. 5. Ku 4 hal eta panginten tiasa diayak deui tina eta 125an jalmi nu kadaftar mana nu dianggap tokoh. baktos tirta Makarya Mawa Raharja
________________________________ From: Maman Gantra <mamangantra2...@yahoo.com> To: urangsunda@yahoogroups.com Sent: Thursday, June 11, 2009 3:41:14 AM Subject: [Urang Sunda] Neangan Tokoh Muda Indonesia? Tadi mah, di kantor, kuring sabatur-batur ngadon ngawadul perkara "tokoh muda Indonesia". Teuing ti mana mimitina jol nepi ka dinya teh. Ngan, nu mucunghul harita teh omongan salah sahiji batur nu jadi salah sahiji anggota eta majelis pangwadulan: Ceuk manehna, urang -- bangsa Indonesia -- saemet pisan miboga inohong nu kaitung masih ngora. Kungsi eta ge ditempas ku kuring, dina hate: Keur kuring, nu geus teu asup disebut ngora, ngeunaan ieu teu matak jadi pikiran. Rek ngora, rek kolot, emang gua pikirin? Lian ti embung cape mikir, oge -- dina pikiran kuring -- urang teu saeutik miboga inohong-inohong ngora. Mimiti ti Enda Nasution nepi ka Lola Ameria atawa Jenar Mahesa Ayu. Keur kuring, tiap zaman pasti aya inohongna, aya ikonna. Kaasup, nya jelema-jelema nu disebut "ngora" tadi. Ongkoh, nu disebut "ngora" teh gumantung kumaha atawa ti lebah mana ningalina. Keur kuring, nu dua taun deui nincak satengah abad, jelema nu masih 30-an taun kaitung ngora. Pon kitu deui nu masih 40-an. Pondokna mah sakur nu umurna sahandapeun, keur kuring, nya kaitung ngora. Da kuring ngitung ku umur sorangan. "Bahkan, umur 50 tahun pun masih dianggap muda," ceuk hiji batur, ujug-ujug, bari ngusapan meja di hareupeunnana. "Apalagi kalau 50-an tahun dianggap muda. Kita punya banyak Tokoh Muda," tempas kuring, nandeskeun optimisme kuring ngeunaan stok inohong ngora. Nu jadi masalah, kitu ge mun arek dianggap masalah, naon nu jadi kriteria inohong tadi? Prestasi? Prestasi siga kumaha? Loba jelema nu miboga prestasi, tapi can karuhan bisa disebut inohong. Boga pangaruh kanu lian? Sarua oge, can karuhan prestasi. Prita Mulyasari, ibu rumahtangga biasa, oge miboga "pangaruh" ka nu lian. Malah, teu kurang ti dua capres nu "kapangaruhan" eta "inohong". Ku ngilu ngomentaran jeung ngilu "memener" eta perkara. Malah, pan, Megawati mah haat ngahajakeun ngalongok ka pangberokan sagala? Nepi ka dinya, deui-deui didorong ku euweuh gawe jeung pupujieun, babaturan lian, nu ti tatadi karah olohok, hideng nyampeurkeun bor. Gap kana spidol. Tret nulis ngaran-ngaran nu dianggap asup kana kriteria "muda" jeung "berprestasi" tadi -- bari naon nu dianggap "prestasi" teh can buleud dipatotoskeun. Teu ku hanteu, diitung-itung, dina waktu kurang tina 30 menit, kakumpulkeun 125 ngaran. Boh nu hirupna di lingkungan politik, kalimuan (akademis), kasenian, LSM, jeung sajabana. Salah sahijina, nu kedal tina biwir kuring: Yenti Garnasih, doktor hukum money laudry, dosen Trisakti, urang Sukabumi, nu janten geureuha jendral bintang hiji di Mabes TNI. Mangsa kuring ngedalkeun eta ngaran, batur-batur nu aya ngadon protes. Pajarkeun teh Dr.Yenti teu asup kana kriteria. "Lo, dia kelahiran 1959. Masih 50 tahun," ceuk kuring. "Prestasinya? Dialah doktor hukum dengan disertasi mengenai money laundry. Sejauh saya tahu, baru dialah yang membahas hal itu," pindo kuring, bari nambahkeun yen Adrianus Meliala, guru besar pangorana di UI, disertasina -- mun teu salah -- masih umum sipatna: Kejahatan kerah putih. Can museur kana perkara pencucian uang (haram). Sanajan kuring ngedalkeun pembelaan kuring tadi kalawan teteg, hate mah tetep tumanya: Enya, kriteria tawa syarat-syarat naon nu nepi ka hiji jelema bisa disebut inohong atawa tokoh teh? Naha, umur 50 taun masih keneh bisa disebut ngora? (Mun ngeunteung ka kanjeng nabi, nu yuswana teu langkung ti 63 taun, satemenna umur 50 teh geus kaitung kolot. Geus cueut ka paeh). Oge prestasi tadi. Naon nu disebut prestasi teh? Ngeunaan nu panungtungan, prestasi, nu katewak tina obrolan tadi, kuring sabatur-batur leuwih kasihir ku popularitas -- sohor. Padahal, ngeunaan sohor ieu bisa oge miboga cacad. Contona, dina widang politik. Teu saeutik politisi nu sohor, nu satemenna teu miboga prestasi nu otentik. Lain bae kapilihna ka DPR teh leuwih alatan perkara duit. Tapi, oge memang dibere tugas jadi juru bicara partaina. Kadar conto. Leuwih ti kitu, kuring sabatur-batur, dina sawatara hal, ukur nempo ti kajauhan. Contona: Tina 125 ngaran, umumna tokoh politik, pengamat politik, pengamat ekonomi, LSM, jeung artis. Kalangan ilmuwan atawa akademisi mah euweuh saurang oge nu kasebut. Sok komo ilmuwan atawa akademisi nu kaasup super spesialis mah. Da, bubuhan, teu miboga informasina. Enya, urang lain bae katalikung ku kaweruh sorangan. Tapi, oge percaya teuing ka koran atawa media. Sanajan, teu pati salah oge. Mun remen disebut-sebut na koran atawa televisi, otomatis dianggap "tokoh". Padahal, koran atawa televisi oge bisa nyalahan. Kaweruh jeung kasuhud wartawan dina ngagali informasi remen tikosewad kana sipat ngagampangkeun -- nu antukna nyasabkeun masarakat nu narima eta informasi teu dibarungan ku sikep kritis. Alatan males ngorehan pabukon atawa nanya ka nu leuwih ngarti, urang nganggap si A ngan hiji-hijina ahli dina hiji widang. Padahal, nu pantesna nyampak dina obrolan kuring sabatur-batur tadi: Daftar inohong ngora nu miboga prestasi dina widang sewang-sewangan, bari widang tadi teu cueut ka hiji disiplin elmu. Dina daptar nu dijieun ku batur tadi, lain bae euweuh arsitek ngora nu asup. Dalah, sarjana fisika atawa psikologi ge teu nyampak. Naha perkara eta teh siga ceuk tadi: Kuring sabatur-batur teu miboga kaweruh dina perkara widang-widang non sosial-ekonomi- seni? Atawa, memang urang teu boga inohong ngora dina widang paelmuan esakta jeung sajabana? Malah kaasup dina widang kasenian, kuring ngaragukeun kaweruh kuring sabatur-batur. Sabab, kainohongan hiji seniman ge teu arang kadar nanjeur di sabudeureun komunitas atawa alirannana. Si A dianggap inohong di komunitas ieu atawa aliran anu. Tapi keur komunitas atawa aliran lian mah can karuhan. Sok komo keur masarakat umum di luar komunitas kasenian mah. Enya. Saha jeung kumaha satemenna "Tokoh Muda Indonesia" teh? Cempaka Putih, 11 Juni 2009, deukeut ka janari. (Tilam sono ka R jeung barudak).