--- In urangsunda@yahoogroups.com, "dhibarhyza" <dhibarh...@...> wrote:
>
> Kang punten bade tumaros upami salami ayeuna aya teu aya program pamarentah 
> khususna di Sunda kanggo ngadidik cikal bakal pamimpin atanapi ilmuwan ... 
> ari ngadangu di nagara - nagara nu sanesmah gening tiawal keneh putra - putri 
> nagara teh di tes IQ na ti alit keneh ... teras anu IQ na punjul di 
> kembangkeun dididik ku nagara ...
>

Di Sunda tangtos bae aya, Kang. Malih pendidikan sareng pengembangan IQ-na teh 
diaping ti zaman buhun keneh -- mangrupi rajah sareng uga karuhun. Dipageuhan 
deui mangsa indung-bapa urang laki-rabi atanapi pangantenan: Ku do'a, di 
antawisna nu nyampak dina sawer panganten, disambung ku puasa sunat sareng 
tahajud mangsa indung kakandungan, eyong-ambing mangsa balita, dongeng-dongeng 
sareng sajabina -- lian ti do'a indung sareng laku urang -- mangsa urang 
deukeut ka akil baleg.

Peran nagara? Urang mah pan nagara demokratis tea, nu cueut ka liberal: 
Pendidikan teh meh meleg-meleg dipasrahkeun ka warga -- ngaliwatan sakola, 
televisi, jeung juma'ahan. Nagara mah ukur "memfasilitasi" -- ku kurikulum, 
tunjangan pendidikan, jeung... korupsi. Hehehe...
 

    

Kirim email ke