> astrajingga hendian <astrajingg...@...> wrote:
> Lanjutkan....
> Hutang...lanjutkan!!! 
> Neo liberalis...lanjutkan!!!

Bangsa mana nu kaasup paling LIBERAL di Dunya? Indonesia! ...hahaha. Sagalana 
dibikeun kana "mekanismeu pasar". "Pasar" didieu dina harti nu leuwih lega. 
Geus puguh para pangusaha mah, tapi da rahayat biasa ge diurang mah panganut 
liberal, contona wae Lalu Lintas diserahkeun kana "mekanismeu pasar", saha nu 
kuat eta nu meunang. Supir mobil galalede nyupir sangeunahna, nu leutik kudu 
nyingkir: "ieu aing rek ngaliwat". Nu leutik jiga motor, kulantaran nagarasa 
jumlahna pangreana, tumpak motor sangeunahna, bulucat- balicet seseledek. 
Angkot oge ngarasa kudu "meunang" eureun sangeunahna. Tukang beca pon kitu, 
penganut "liberal", jalan saarah, tapi kulantaran ngarasa ceuk mekanismeu 
pasar, tukang beca mah malah ngalawan arus lalu lintas. Lalu lintas di 
Indonesia, paling liberal!

Jeung loba deui kalakuan masyarakat diurang nu liberal pisan: Nu kuat, nu 
mayoritas, nu pinter eta nu kudu meunang jeung diturut sabalikna nu lemah, nu 
minoritas, nu bodo wayahna nyingkir wae ....

Baktosna,
WALUYA 





Kirim email ke