Kieu.
Di antara tilu pasang capres, cik mana anu rek dipilih.
Sederhanana tinggal bandingkeun.
Basa Jaman Megawati, kumaha kondisi urang. Mangga candak bae dina
sababaraha aspek: kasajahteraan, nilai tukar petani, devisa, kasus
hukum, jrrd. Mun geus aya datana, sok bandingkeun di jaman SBY.
KUmaha nganiley pasangan no 3. Gampang! mun aya kampanye yen
pamarentahan ayeuna teu leupas kontribusi JK (malah aya angka aneh
nepi ka 66%), tinggali yen kontribusi SBY ka JK nepi ka bisa kitu
leuwih ti 100 persen... hehe.

sakitu heula bae...

Baktos
Tantan


2009/6/12 TukangGiribig <tukang.giri...@yahoo.co.id>:
>
>
> ngiringan ah..
>
> mekinisme pasar memang kuat.... malahan lamun lebaran oge eta mekanisme
> pasar bisa ngereunkeun antayan mobil sanajan ngarewu.... macet total antayan
> bisa mangjam-jam, eta teh pira ku pasar rahayat pasar bahe cenahmah... komo
> mun pasa jugala sigana....
>
>
> From: waluya2006
> Sent: Friday, June 12, 2009 10:18 AM
> To: urangsunda@yahoogroups.com
> Subject: Re: Bls: [Urang Sunda] SBY Lanjutkan, Indonesia Bangkrut
>
>> astrajingga hendian <astrajingg...@...> wrote:
>> Lanjutkan....
>> Hutang...lanjutkan!!!
>> Neo liberalis...lanjutkan!!!
>
> Bangsa mana nu kaasup paling LIBERAL di Dunya? Indonesia! ...hahaha.
> Sagalana dibikeun kana "mekanismeu pasar". "Pasar" didieu dina harti nu
> leuwih lega. Geus puguh para pangusaha mah, tapi da rahayat biasa ge diurang
> mah panganut liberal, contona wae Lalu Lintas diserahkeun kana "mekanismeu
> pasar", saha nu kuat eta nu meunang. Supir mobil galalede nyupir
> sangeunahna, nu leutik kudu nyingkir: "ieu aing rek ngaliwat". Nu leutik
> jiga motor, kulantaran nagarasa jumlahna pangreana, tumpak motor
> sangeunahna, bulucat- balicet seseledek. Angkot oge ngarasa kudu "meunang"
> eureun sangeunahna. Tukang beca pon kitu, penganut "liberal", jalan saarah,
> tapi kulantaran ngarasa ceuk mekanismeu pasar, tukang beca mah malah
> ngalawan arus lalu lintas. Lalu lintas di Indonesia, paling liberal!
>
> Jeung loba deui kalakuan masyarakat diurang nu liberal pisan: Nu kuat, nu
> mayoritas, nu pinter eta nu kudu meunang jeung diturut sabalikna nu lemah,
> nu minoritas, nu bodo wayahna nyingkir wae ....
>
> Baktosna,
> WALUYA
>
> 



-- 
tantan hermansah | SM 1270 I 0818 800 528 I Untuk Kebebasan dan
Kebahagiaan I Bogor

Kirim email ke