cobi gentos kawung ku sunda, lain sunda ka kalapa. cop, ciples pisan

haha

:)

2009/6/15 mh <khs...@gmail.com>

>
>
> nu kawentar ruyung teh oge keur pakarang, paragi ngababuk lawan.
> numatak aya dongeng sunda nu judulna 'si ruyung kawung'.
>
> upama keur ngadongeng soal tatangkalan, sok mindeng manggih tulisan
> nu netelakeun yen cenah tangkal anu mah kaarah sagalana. terus ditataan
> ti a nepi ka z. teuing maksudna mah meureun keur netelakeun kumaha
> pentingna eta tangkal keur kapereluan manusa. padahal mah, kabeh tangkal
> naon wae oge bakal sarua jiga kitu. hehehe.
>
> geura toong tangkal kalapa, bakal jiga kawung oge.tunggulna keur nyengcle,
> tangkalna keur tihang imah atawa cukang peupeuntasan, dawegana keur
> ubar hanaang,
> kalapa kolotna keur minyak jeung bumbu masak, batokna keur cangkir
> atawa keur areng.
> humutna keur lalab jeung sayur. barangbangna keur suluh atawa sapu nyere.
>
> (mh)
>
> 2009/6/15 A Gunawan <rotan...@yahoo.com <rotan_jr%40yahoo.com>>:
>
> >
> >
> > Kawenehan, di gudang manggih naskah ngeunaan kawung, aya tilu, nyaeta
> babad
> > kawung Baduy, Galuh, jeung Cimahi. Berkah. Meh kabeh unsur tina kawung
> > kaalap mangpaatna: ruyungna dipake pananggeuy imah jeung barera paranti
> > ninun, hatena dijieun sagu, akarna dijieun pecut, pakangna keur tali
> useup,
> > balukangna keur suluh, injukna keur wuwung imah, atawa hateup, harupatna
> sok
> > dijieun kalam atawa dijualan di tukang rampe, kulit palapahna dijieun
> > karinding, nyerena dijieun sapu nyere, daunna dipake udud, langgarina
> > dijieun iteuk, cangkalengna didahar mun bulan puasa, atawa dijieun ujian
> > keur barang-barang emas perak. Malah Potensi etanol dari aren nepi ka
> 20.160
> > liter/ha/tahun, pangreana dibandingkeun jeung sampeu, hui, tiwu, atawa
> > gebang -
> >
> > Melakna kudu toweksa cenah, make jangjawokan sagala rupa, kawas: 'hol
> > dongkok bijil montok', jrrd. Cikan nu gaduh impormasi ngeunaan kawung,
> > alungkeun ka dieu. Korea katelah Nagara Ginseng, urang ge nyieun bae
> Nagri
> > Kawung.
> >
> > Baktos
> >
> > AG
> >
> ,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~
uaduq.co.cc

Kirim email ke