Ari masalah pembibitanna kumaha? Enya kitu mang MH, kalapa oge tangtu sarua 
kaalap mangpaatna. Ngan ari kawung mah, aya ajen nu ararahengan kitu nya? Da 
loba pantranganana, upamana, teu meunang dibalikeun arah nyanghareup binihna nu 
asal tai careuh, matak buntut. Barudak sakola jaman Walanda, sina marelak 
kawung, lain kalapa, malah asup dina buku pangajaran sagala. Kawung jadi 
inspirasi oge keur Wahyu Wibisana nyieun carpon 'Kawung Ratu'. Ceuk dina naskah 
kuno 'mulah nurunkeun sadapan sakalih', (ulah nyokot hanca garapan batur), 
sadapan geus jadi idiom pikeun pakasaban. Naha dina jaman heubeul eta, nu 
disadap teh kawung atawa kalapa nya?

AG





________________________________
From: ua duq <dudi.herlia...@gmail.com>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Monday, June 15, 2009 11:09:54 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Kawung Luwang Liwung





cobi gentos kawung ku sunda, lain sunda ka kalapa. cop, ciples pisan

haha

:)


2009/6/15 mh <khs...@gmail. com>


>
>
>nu kawentar ruyung teh oge keur pakarang, paragi ngababuk lawan.
>>numatak aya dongeng sunda nu judulna 'si ruyung kawung'.
>
>>upama keur ngadongeng soal tatangkalan, sok mindeng manggih tulisan
>>nu netelakeun yen cenah tangkal anu mah kaarah sagalana. terus ditataan
>>ti a nepi ka z. teuing maksudna mah meureun keur netelakeun kumaha
>>pentingna eta tangkal keur kapereluan manusa. padahal mah, kabeh tangkal
>>naon wae oge bakal sarua jiga kitu. hehehe.
>
>>geura toong tangkal kalapa, bakal jiga kawung oge.tunggulna keur nyengcle,
>>tangkalna keur tihang imah atawa cukang peupeuntasan, dawegana keur
>>ubar hanaang,
>>kalapa kolotna keur minyak jeung bumbu masak, batokna keur cangkir
>>atawa keur areng.
>>humutna keur lalab jeung sayur. barangbangna keur suluh atawa sapu nyere.
>
>>(mh)
>
>>2009/6/15 A Gunawan <rotan...@yahoo. com>:
>
>>>
>>>
>>> Kawenehan, di gudang manggih naskah ngeunaan kawung, aya tilu, nyaeta babad
>>> kawung Baduy, Galuh, jeung Cimahi. Berkah. Meh kabeh unsur tina kawung
>>> kaalap mangpaatna: ruyungna dipake pananggeuy imah jeung barera paranti
>>> ninun, hatena dijieun sagu, akarna dijieun pecut, pakangna keur tali useup,
>>> balukangna keur suluh, injukna keur wuwung imah, atawa hateup, harupatna sok
>>> dijieun kalam atawa dijualan di tukang rampe, kulit palapahna dijieun
>>> karinding, nyerena dijieun sapu nyere, daunna dipake udud, langgarina
>>> dijieun iteuk, cangkalengna didahar mun bulan puasa, atawa dijieun ujian
>>> keur barang-barang emas perak. Malah Potensi etanol dari aren nepi ka 20.160
>>> liter/ha/tahun, pangreana dibandingkeun jeung sampeu, hui, tiwu, atawa
>>> gebang -
>>>
>>> Melakna kudu toweksa cenah, make jangjawokan sagala rupa, kawas: 'hol
>>> dongkok bijil montok', jrrd. Cikan nu gaduh impormasi ngeunaan kawung,
>>> alungkeun ka dieu. Korea katelah Nagara Ginseng, urang ge nyieun bae Nagri
>>> Kawung.
>>>
>>> Baktos
>>>
>>> AG
>>>
>
>,___


-- 
d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~
uaduq.co.cc

   


      

Kirim email ke