Hapunten ah ngiringan.
Ari cek kuring mah sok mangga bilih bade ngiring icalan capres tapi bari ulah 
ngagogoreng dagangan nu sejen da rahayat ayeuna mah tos panonna atos bareunta 
.... sapertos dina iklan kecap, bahanna sami mangpaatna oge sami mung samarana 
anu benten ....  jadi mangga pilih salah sahiji anu dianggap paling sae sareng 
cocok kanggo kapayun cek urang ulah cek batur komo cek beja mah bisi kabelejog. 
Ayeunamah mending di ikhtiaran ku masing masing Istikhoroh serahkeun ka anu 
Kawasa Alloh SWT. ambeh urang dipasihan pituduh pilihan anu pangsaena kanggo 
Bangsa Nagara sareng Rahayat Indonesia. Sareng poma engke mun tos aya anu 
unggul kapilih urang dukung ku sarerea, hartina eta anu loba dipiharep kunurea 
buktikeun mun enya urang teh PRO RAKYAT, DEMI RAKYAT DLL. ATAS NAMA RAKYAT. 
Rahayat anu sabandera jeung uing hungkul ???????.
Engke oge bakal katingali saha Capres, Cawapres sareng Tim sukses anu tulus 
ikhlas jeung ridho ngabela kapentingan rahayat atawa kapentingan Partai, 
Pangkat, Ekonomi Kelawarga atanapi Perbaikan Gizi hungkul.

Nunung N
Jig geura narindak! Tapi ulah ngalieuk ka tukang! (tina Uga Wangsit Siliwangi)


________________________________

From: ua duq

ari kuring mah resep kana basa awakna kang euy, teuing, rarasaan teh ieu jalma 
nu pangjujurna, sagala nu dioyagkeun ku awak manehna katingalina alami pisan. 
teu jaim :). sabenerna mah aya tilu tina genep nu kitu teh, salian jk nya 
wiranto jeung budiono nu katingalina ngeunah di panon kuring teh.

teuing ketang, ieu mah ukur ceuk panon nu teuing geus kajual atawa encan ka 
peda haha

Reply via email to