ngiringan ah..
kieu pami saur abi mah secara pendapat pribadi nya, mangga nyanggakeun..
uih deui ka niat naek hajina eta, bade ngalengkapan rukun islam atanapi 
nambihan titel or prestise?
jaman kiwari seseurna tapi teu sadayana nya punten, haji teh kanggo nambihan 
nami hungkul da sok aya kajantena salian nu tos dicarioskeun ku teh Roro oge 
aya kieu pan kadang2 mah, biasana dicalukan teh "ceu plus ngaran" weh, tah tas 
ka haji mah dicalukan ceu,.. euceu teu teh teu malire kakara mun dicalukan ceu 
haji kakara mairan he he..,
leres oge saur kang H.surtiwa ceunah urang arab mah teu aya nu titelan haji 
atawa ngahaja ngabasakeun manehana haji, sim kuring kaleresan nuju kuli di Abu 
Dhabi, tatanggana arab saudi mung tos langkung edun pergaulan arabna di dieu 
mah teu ortodok teuing, aya keneh nu ortodoks mung ayana di pasisianana, tah 
kaleresan nuju lalagasan harita teh 2004 nya kulantaran aya jatah ti perusahaan 
(sanajan ngan ukur bagian USrip alias usaha ripuh ge), alhamdulillah tiasa 
ngalengkapan rukun Islam teh, atuh pasna dipasihan jodo teras ngadamel ondangan 
teh omat2an we ka urut kabogoh (pamajikan ayeuna) "Omaaat nyai teu keudah 
nganggo titel H. dina ondangan teh" he he.. 
atuh ngeunaan ahlakna.. leres pisan teu aya jaminan yen ahlak nu tos ka haji 
bakal sae, atuh masalah eta mah urang sadayana ge terang salian ti hubungan ka 
allah SWT anu bakal nyari dina diri urang teh nyaeta ajen ka sasama, teu 
ngabedakeun tina rupa, jabatan, harta atwa kabangsaan, ka saluhureun ka 
sahandapeun, teu aya niat jail ka batur, dina kahirupan jaman ayeuna????? 
mangga we urang sami2 bandungan...
hapunten anu keteudun....

cag ah baraya....

 



________________________________
From: Roro Rohmah <roro.roh...@sidola.com>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Wednesday, June 17, 2009 8:43:15 AM
Subject: Re: Trs: Re: haji mindo, naon nu jadi pangdorongna? Re: Bls: [Urang 
Sunda] Re: Vaksin Meningitis deui....





 
Ngiring mairan ah…
Sok ngemut, kualitas haji jaman ayeuna mah benten pisan sareng haji jaman 
kapungkur (nu ngajugjug ka Mekah masih keneh nganggo kapal cai). Jaman 
kapungkur mah, mendakan jalmi nu gaduh titel Haji seuseueurna tos yuswaan, 
lungguh timpuh, masagi dina elmuna, biasana sok janten sesepuh & tempat naros 
di hiji lembur.
 
Kadieunakeun, duka pedah jaman ayeunamah sagala ge gampil boh artosna (nu 
gampil mah nya gampil…heheh) , boh alat pangjugjugna mangrupi kapal udara, 
fasilitas sagala aya, ditambihan ku acara pangaosan & latihan manasik tos aya 
nu ngaping srrd (saurna eta ge, da tacan kantos). Ayeunamah, seueur nu aranom 
keneh tos jaranten Haji, Subhanallah… Sae kitunamah supados dina prakna salira 
dina kaayaan sehat & jagjag waringkas, syukur-syukur tiasa dugi ka ngaragap 
Hajar Aswad. 
 
Kiwari, ibarat titel Sarjana, kuseueurna jalmi nu munggah haji, aksara H 
atanapi Hj ge tos janten biasa deui, he love nyebat ge teu janten sawios. Tapi 
teu kituna seuseueurna jalmi masih keneh “owel” ku eta titel. Kantos ningali 
aya warung sangu sisi jalan rame pisan ngagoreng… eh, Balakbak eta mah nyaaa… 
heuheu… Aya warung sangu, jiganamah nu gaduhna nembe janten haji, dina 
gorobagna tos diserat “Warung Nasi Slamet (nami samaran)” lolongkrang antawis 
aksara teh kacida rapetna, bakat ku hoyong katingal hajina, keukeuh 
diselepetkeun aksara H nu jangkis alias jangkung ipis bin maksa, janten… 
“Warung Nasi H Slamet”. Salian eta, ayeunamah mana-mana istri nu dijilbab, 
pameget nu dikopeah/ ngango topi buleud nyengcle na mastaka dirayu kunu icalan 
barang, disebatna pasti Bu & Pa Haji.
 
Hey Dud…abdi ge sapagodos sareng salira, yen munggah haji cekap sakali. 
Kedahnamah pamarentah ngayakeun peraturan yen munggah haji cekap sakali, 
masihan luang ka calon haji nu nuju ngantosan/wating list. Aya paripaos,“Duit- 
duit kuring… naha milu ngatur?”, ih ieu mah mung ngemutan wungkul.  Sanaos 
kagungan artos nu seueur kacida, moal seep ku tujuh turunan kanggo nyumponan 
kanikmatan rohani, langkung afdol dianggo kanggo ngabantos wargi urang nu teu 
mampuh tur katalangsara. Syukur-syukur ngahajikeun batur, wios ka abdikeun we 
hehehe…Aya kahariwang, bilih bisi pulang anting munggah haji, margi seueur 
artos mung saukur dijantenkeun “Wisata Rohani”.
 
ro2
hoyong naek haji, eh munggah haji.
 
 
On 6/15/09, ua duq <dudi.herlianto@ gmail.com> wrote:
 memang upama mikir kitu dina kaayaan model ayeuna jadi mumbul pertanyaan, 
iraha atuh bisana urang minuhan rukun islam pamungkas teh? da mun ditingali 
masalah-masalah baraya nu kurang teh jigana moal erep satungtung umur. palebah 
dieu kuring mah ukur tiasa ngajak, saperti nu kapungkur digalindengkeun ku bah 
soma bu erum sabalad-balad 'inohong di bojong rangkong', hayu urang 
nyeungseurikeun diri, naliti nastiti, nyarita balaka ngarampa ceda nu aya! hayu 
urang nyagap hate.

duq! 
ketua gerakan NAEK HAJI SATU PUTARAN SAJA! :D
2009/6/15 H Surtiwa <surt...@gmail. com>
 Gampil pisan di urang mah, lamun anu parantos ngalakukeun ibdah haji..sok 
disebat haji kadang2 janten sebutan. Di nagara sejen mah umumna tara disebat 
haji. Soal haji ayana di mekah duka teuing...ari ceuk bangsa urang mah dimana 
wae sakahayangna. .asal parantos ngalukaeun ibadah haji. Teu acan papendak 
sareng urang arab anu nyebat dirina haji.. teu terang abdi mah standard 
kalakuan Haji malih naros aya henteu standard na. Anu teu acan ibadah haji ka 
Mekah oge seueur anu kalakuan sae ti batan anu parantos ngalakukeun ibadah 
haji...Asa teu aya patalina..



      

Kirim email ke