waktos ngalaksanakan ibadah haji..mangihan henteu aya urang Indonesia sami2
naek haji..anu nawiskeun Sertifikat..hak ngagaduhan titel//julukan nami
Arab..mun teu lepat mah US $100..Aya we anu ngajual kasempetan..tapi da
bongan loba nau meuli jeung bangga eta make ngaran Arab meunang meuli
(teuing ieu teh meuli atawa ditipu ??)............

2009/6/17 rudi rohan <uing...@yahoo.com>

>
>
> ngiringan ah..
> kieu pami saur abi mah secara pendapat pribadi nya, mangga nyanggakeun..
> uih deui ka niat naek hajina eta, bade ngalengkapan rukun islam atanapi
> nambihan titel or prestise?
> jaman kiwari seseurna tapi teu sadayana nya punten, haji teh kanggo
> nambihan nami hungkul da sok aya kajantena salian nu tos dicarioskeun ku teh
> Roro oge aya kieu pan kadang2 mah, biasana dicalukan teh "ceu plus ngaran"
> weh, tah tas ka haji mah dicalukan ceu,.. euceu teu teh teu malire kakara
> mun dicalukan ceu haji kakara mairan he he..,
> leres oge saur kang H.surtiwa ceunah urang arab mah teu aya nu titelan haji
> atawa ngahaja ngabasakeun manehana haji, sim kuring kaleresan nuju kuli di
> Abu Dhabi, tatanggana arab saudi mung tos langkung edun pergaulan arabna di
> dieu mah teu ortodok teuing, aya keneh nu ortodoks mung ayana di
> pasisianana, tah kaleresan nuju lalagasan harita teh 2004 nya kulantaran aya
> jatah ti perusahaan (sanajan ngan ukur bagian USrip alias usaha ripuh ge),
> alhamdulillah tiasa ngalengkapan rukun Islam teh, atuh pasna dipasihan jodo
> teras ngadamel ondangan teh omat2an we ka urut kabogoh (pamajikan ayeuna)
> "Omaaat nyai teu keudah nganggo titel H. dina ondangan teh" he he..
> atuh ngeunaan ahlakna.. leres pisan teu aya jaminan yen ahlak nu tos ka
> haji bakal sae, atuh masalah eta mah urang sadayana ge terang salian ti
> hubungan ka allah SWT anu bakal nyari dina diri urang teh nyaeta ajen ka
> sasama, teu ngabedakeun tina rupa, jabatan, harta atwa kabangsaan, ka
> saluhureun ka sahandapeun, teu aya niat jail ka batur, dina kahirupan jaman
> ayeuna????? mangga we urang sami2 bandungan...
> hapunten anu keteudun....
>
> cag ah baraya....
>
>
>
>  ------------------------------
> *From:* Roro Rohmah <roro.roh...@sidola.com>
> *To:* urangsunda@yahoogroups.com
> *Sent:* Wednesday, June 17, 2009 8:43:15 AM
> *Subject:* Re: Trs: Re: haji mindo, naon nu jadi pangdorongna? Re: Bls:
> [Urang Sunda] Re: Vaksin Meningitis deui....
>
>  Ngiring mairan ah…
>
> Sok ngemut, kualitas haji jaman ayeuna mah benten pisan sareng haji jaman
> kapungkur (nu ngajugjug ka Mekah masih keneh nganggo kapal cai). Jaman
> kapungkur mah, mendakan jalmi nu gaduh titel Haji seuseueurna tos yuswaan,
> lungguh timpuh, masagi dina elmuna, biasana sok janten sesepuh & tempat
> naros di hiji lembur.
>
>
>
> Kadieunakeun, duka pedah jaman ayeunamah sagala ge gampil boh artosna (nu
> gampil mah nya gampil…heheh) , boh alat pangjugjugna mangrupi kapal udara,
> fasilitas sagala aya, ditambihan ku acara pangaosan & latihan manasik tos
> aya nu ngaping srrd (saurna eta ge, da tacan kantos). Ayeunamah, seueur nu
> aranom keneh tos jaranten Haji, Subhanallah… Sae kitunamah supados dina
> prakna salira dina kaayaan sehat & jagjag waringkas, syukur-syukur tiasa
> dugi ka ngaragap Hajar Aswad.
>
>
>
> Kiwari, ibarat titel Sarjana, kuseueurna jalmi nu munggah haji, aksara H
> atanapi Hj ge tos janten biasa deui, he love nyebat ge teu janten sawios.
> Tapi teu kituna seuseueurna jalmi masih keneh “owel” ku eta titel. Kantos
> ningali aya warung sangu sisi jalan rame pisan ngagoreng… eh, Balakbak eta
> mah nyaaa… heuheu… Aya warung sangu, jiganamah nu gaduhna nembe janten haji,
> dina gorobagna tos diserat “Warung Nasi Slamet (nami samaran)” lolongkrang
> antawis aksara teh kacida rapetna, bakat ku hoyong katingal hajina, keukeuh
> diselepetkeun aksara H nu jangkis alias jangkung ipis bin maksa, janten…
> “Warung Nasi H Slamet”. Salian eta, ayeunamah mana-mana istri nu dijilbab,
> pameget nu dikopeah/ ngango topi buleud nyengcle na mastaka dirayu kunu
> icalan barang, disebatna pasti Bu & Pa Haji.
>
>
>
> Hey Dud…abdi ge sapagodos sareng salira, yen munggah haji cekap sakali.
> Kedahnamah pamarentah ngayakeun peraturan yen munggah haji cekap sakali,
> masihan luang ka calon haji nu nuju ngantosan/wating list. Aya
> paripaos,“Duit- duit kuring… naha milu ngatur?”, ih ieu mah mung ngemutan
> wungkul.  Sanaos kagungan artos nu seueur kacida, moal seep ku tujuh
> turunan kanggo nyumponan kanikmatan rohani, langkung afdol dianggo kanggo
> ngabantos wargi urang nu teu mampuh tur katalangsara. Syukur-syukur
> ngahajikeun batur, wios ka abdikeun we hehehe…Aya kahariwang, bilih bisi
> pulang anting munggah haji, margi seueur artos mung saukur dijantenkeun
> “Wisata Rohani”.
>
>
>
> ro2
>
> hoyong naek haji, eh munggah haji.
>
>
>
>
>
>
>
> On 6/15/09, ua duq <dudi.herlianto@ 
> gmail.com<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/post?postID=MBqsnKh4KkmNX0I8PSdF_FdikYs3kHw_zXlkvQku0yN64A8hg-Xq7OM9CVBt85ktPrL0C_lgOyCMoFRpPd5j>>
> wrote:
>
>
>
> memang upama mikir kitu dina kaayaan model ayeuna jadi mumbul pertanyaan,
> iraha atuh bisana urang minuhan rukun islam pamungkas teh? da mun ditingali
> masalah-masalah baraya nu kurang teh jigana moal erep satungtung umur.
> palebah dieu kuring mah ukur tiasa ngajak, saperti nu kapungkur
> digalindengkeun ku bah soma bu erum sabalad-balad 'inohong di bojong
> rangkong', hayu urang nyeungseurikeun diri, naliti nastiti, nyarita balaka
> ngarampa ceda nu aya! hayu urang nyagap hate.
>
> duq!
> ketua gerakan NAEK HAJI SATU PUTARAN SAJA! :D
>
> 2009/6/15 H Surtiwa <surt...@gmail. 
> com<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/post?postID=RrJoLuqK24zy5g-CV5M5CILt_8juh5CLuTu7XdZL5JHp7w6wKnxd4yTn-WbH3RfDccCfB6RKNs2BLb4>
> >
>
>
>
> Gampil pisan di urang mah, lamun anu parantos ngalakukeun ibdah haji..sok
> disebat haji kadang2 janten sebutan. Di nagara sejen mah umumna tara disebat
> haji. Soal haji ayana di mekah duka teuing...ari ceuk bangsa urang mah
> dimana wae sakahayangna. .asal parantos ngalukaeun ibadah haji. Teu acan
> papendak sareng urang arab anu nyebat dirina haji.. teu terang abdi mah
> standard kalakuan Haji malih naros aya henteu standard na. Anu teu acan
> ibadah haji ka Mekah oge seueur anu kalakuan sae ti batan anu parantos
> ngalakukeun ibadah haji...Asa teu aya patalina..
>
>  
>

Kirim email ke